PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • g18 No. 2 kaca 12
  • 9 Jati Diri

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • 9 Jati Diri
  • Éling!—2018
  • Subjudul
  • Bahan nu Sarupa
  • NAON HARTINA?
  • KU NAON PENTING?
  • NAON NU BISA DILAMPAHKEUN?
  • Jalma nu Siga Kumaha Abdi téh?
    Jawaban ti 10 Pananya Budak Ngora
  • Pentingna Boga Prinsip Hirup
    Éling!—2019
  • Kumaha Carana Nolak Godaan?
    Pananya Budak Ngora
  • Naon nu Kudu Dilakukeun ku Abdi Sanggeus Dibaptis?​—Bagian 2: Mertahankeun Laku Lampah nu Bener
    Pananya Budak Ngora
Éling!—2018
g18 No. 2 kaca 12
Budak lalaki ngora keur nangtung gigireun tangkal nu ditiup angin

Lamun boga jati diri nu kuat, hidep bakal tetep pengkuh nyanghareupan gogoda

KEUR BUDAK NGORA

9 Jati Diri

NAON HARTINA?

Jati diri téh kaasup prinsip hirup, kayakinan, jeung sipat-sipat hidep. Intina, jati diri téh sagala hal ngeunaan diri hidep, boh lahir boh batin.

KU NAON PENTING?

Lamun hidep boga jati diri nu kuat, hidep bakal nyekel pageuh kayakinan hidep jeung moal bisa dikadalikeun ku babaturan.

”Loba jalma ayeuna mah kawas patung di toko baju. Maranéhna teu bisa milih baju sorangan, tapi kumaha ceuk batur.”​—Adrian.

”Abdi geus diajar carana tetep pengkuh nyekel nu bener sanajan hésé. Jadi, abdi milih sobat nu kalakuanana hadé jeung nu ngahargaan prinsip hirup abdi.”​—Courtney.

PRINSIP KITAB SUCI: ”Ulah miluan adat kabiasaan ieu dunya.”​—Rum 12:2.

NAON NU BISA DILAMPAHKEUN?

Pék pikirkeun jalma siga kumaha hidep ayeuna jeung hayang jadi jalma siga kumaha engkéna. Carana nyaéta mariksa kaleuwihan, kakurangan, jeung kayakinan hidep. Mimitian ku ngajawab pananya-pananya di handap ieu.

Kaleuwihan: Naon bakat jeung pangabisa abdi? Naon sipat-sipat alus abdi? (Contona: Naha abdi téh tara telat? bisa ngadalikeun diri? getol? béréhan?) Abdi osok nyieun kahadéan naon?

SARAN: Naha hidep hésé nyebutkeun hal-hal nu alus ngeunaan diri hidep? Pék tanyakeun ka kolot atawa sobat hidep, naon kaleuwihan hidep jeung ku naon maranéhna ngomong kitu.

PRINSIP KITAB SUCI: ”Pariksa kalakuan sorangan, lamun bener, atohna rarasakeun bae, teu kudu dibanding-banding jeung kalakuan batur.”​—Galata 6:4.

Kakurangan: Sipat-sipat naon waé nu kudu diupayakeun ku abdi? Dina kaayaan naon waé abdi gampang kagoda ngalampahkeun nu salah? Dina hal naon waé abdi kudu leuwih ngadalikeun diri?

PRINSIP KITAB SUCI: ”Lamun urang ngakukeun teu boga dosa, eta ngabobodo maneh.”​—1 Yohanes 1:8.

Kayakinan: Naon prinsip hirup abdi? Naon sababna abdi milih prinsip-prinsip hirup éta? Naha abdi percaya ka Allah? Naon buktina yén Allah téh aya? Dina hal naon abdi nganggap Allah téh teu adil, jeung naon sababna? Naon nu dipercaya ku abdi ngeunaan mangsa kahareup?

PRINSIP KITAB SUCI: ”Pangarti hidep bakal ngajaring, paham bakal ngajaga.”​—Siloka 2:11.

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun