Cita-cita téh ibarat gambar rancangan. Ku upaya, hidep bisa ngawujudkeunana
KEUR BUDAK NGORA
12 Cita-cita
NAON HARTINA?
Cita-cita téh lain saukur impian atawa kahayang. Dina ngahontal cita-cita, urang kudu boga rencana, upaya, jeung kudu bisa nyaluyukeun diri lamun aya parobahan.
Cita-cita téh aya nu jangka pondok (bisa kahontal dina sababaraha poé atawa minggu), jangka pertengahan (sababaraha bulan), jeung jangka panjang (sataun atawa leuwih). Cita-cita jangka panjang bisa kahontal ku cara ngahontal sababaraha cita-cita jangka pondok atawa jangka pertengahan.
KU NAON PENTING?
Lamun hidep bisa ngahontal cita-cita, hidep bisa leuwih percaya diri, boga loba sobat, jeung ngarasa leuwih bagja.
Leuwih percaya diri: Lamun hidep bisa ngahontal sababaraha cita-cita nu saderhana, hidep bakal leuwih percaya diri pikeun ngupayakeun cita-cita nu leuwih luhur. Hidep gé bisa leuwih percaya diri pikeun nyanghareupan masalah sapopoé, saperti pangaruh ti babaturan.
Boga loba sobat: Jalma-jalma resep boga babaturan nu boga tujuan hirup jeung ngupayakeunana. Salian ti éta, lamun hidep digawé bareng jeung jalma nu cita-citana sarua, hidep bisa nyobat jeung manéhna.
Leuwih bagja: Lamun hidep boga cita-cita tuluy éta kahontal, hidep bakal ngarasa puas jeung bagja.
”Boga cita-cita téh alus. Abdi jadi boga tujuan jeung sibuk ngahontal éta cita-cita. Sanggeusna, abdi bungah waktu inget deui perjuangan abdi, ’Ahirna cita-cita abdi kahontal!’”—Christopher.
PRINSIP KITAB SUCI: ”Lamun arek pepelakan ngadadago heula angin jeung musim bae mah atuh rek iraha bisa cebna, panen-panen pimanaeun.”—Pandita 11:4.
NAON NU BISA DILAMPAHKEUN?
Pikeun netepkeun jeung ngahontal cita-cita, tuturkeun saran-saran ieu.
Tangtukeun. Jieun daptar cita-cita nu paling bisa kahontal, tuluy susun mana nu kahiji, kadua, katilu, jeung saterusna.
Rencanakeun. Pikeun unggal cita-cita, tuturkeun ieu:
Tetepkeun wates waktu nu asup akal.
Rencanakeun naon waé nu rék dilakukeun.
Pikirkeun masalah naon nu bisa muncul jeung kumaha cara ngaréngsékeunana.
Lampahkeun. Ulah ngadagoan nepi ka sagalana siap heula kakara ngamimitian. Pék pikirkeun, ’Naon nu pangheulana rék dilampahkeun pikeun ngahontal cita-cita abdi?’ Prung gawékeun. Tuluy, pariksa deui kamajuan naon waé nu geus kahontal.
PRINSIP KITAB SUCI: ”Rarancangkeun sing asak, sangkan mucekil.”—Siloka 21:5.