PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • g18 No. 3 kaca 14-15
  • Bantuan Panghadéna keur Nu Dikantunkeun

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Bantuan Panghadéna keur Nu Dikantunkeun
  • Éling!—2018
  • Subjudul
  • Bahan nu Sarupa
  • TINGALI LEUWIH LOBA NGEUNAAN HAREPAN PIKEUN NU GEUS MAOT
  • Daptar Eusi
    Éling!—2018
  • Dina Majalah Ieu: Tetep Tabah Waktu Ditinggal Maot
    Éling!—2018
  • ”Milu Ceurik ka nu Ceurik”
    Warta Hadé Hal Karajaan Yéhuwa (Édisi Palajaran)—2017
  • Jalma-Jalma nu Dipikanyaah ku Anjeun Bisa Hirup Deui!
    Hirup Bagja Salilana!—Buku nu Ngabantu Urang Ngarti kana Alkitab
Tingali Ogé
Éling!—2018
g18 No. 3 kaca 14-15
Jalma-jalma di Pirdaus ngabagéakeun kulawarga sarta sobatna nu dihirupkeun deui

TETEP TABAH WAKTU DITINGGAL MAOT

Bantuan Panghadéna Keur Nu Dikantunkeun

PARASAAN SEDIH KU LANTARAN DITINGGAL MAOT TÉH LOBA DITALITI KU PARA AHLI. Siga nu dibahas dina artikel saacanna, saran-saran alus ti para ahli téh cocog jeung naséhat nu dicatet dina Alkitab. Hal ieu ngabuktikeun yén naséhat bijak tina Alkitab téh henteu tinggaleun jaman. Malahan mah, Alkitab gé méré informasi nu teu dijelaskeun ku para ahli. Informasi éta bisa ngalilipur jeung ngagedékeun haté urang.

  • Jalma nu geus maot téh henteu disiksa

    Ceuk Alkitab dina Pandita 9:5, ”Nu paeh mah teu nyaho naon-naon.” Geus kitu ”sagala pamaksudanana ge harita musna”. (Jabur 146:4) Alkitab téh osok nyaruakeun jalma nu maot siga jalma nu keur saré tibra.​—Yahya 11:11, 13.

  • Aya Gusti nu nyaahan nu bakal ngahibur urang

    Ceuk Alkitab dina 1 Pétrus 3:12, ”Yéhuwaa merhatikeun jalma-jalma nu bener, jeung Anjeunna ngadangukeun doa paménta maranéhna.” Lamun urang ngungkabkeun parasaan urang waktu ngadoa ka Allah, éta téh lain saukur keur nenangkeun haté urang. Tapi, doa téh bisa ngaraketkeun urang jeung Nu Nyipta, nyaéta Pribadi nu boga kawasa pikeun ngahibur urang.

  • Harepan nu didago-dago

    Pék bayangkeun kaayaanana engké waktu jalma-jalma nu geus maot dihirupkeun deui di bumi! Alkitab mangkali-kali nyebutkeun ngeunaan jangji ieu. Bakal siga kumaha kaayaanana engké? Alkitab nyebutkeun yén Allah bakal ”nyusutan cipanon maranéhna. Moal aya deui nu maot. Kitu ogé moal aya deui nu sedih, ceurik, atawa ngarasa nyeri”.​—Wahyu 21:3, 4.

Loba jalma nu keur sungkawa ngarasa dikuatkeun lantaran boga iman ka Yéhuwa. Maranéhna boga harepan bisa panggih deui jeung kulawarga sarta sobat nu geus maot. Salah sahiji contona téh Ana. Sanggeus nikah salila 65 taun, salakina maot. Ana nyarita, ”Alkitab ngayakinkeun abdi yén jalma nu maot téh geus teu bisa ngarasakeun naon-naon deui. Allah ogé inget jeung bakal ngahirupkeun deui umat-Na. Abdi jadi teu pati sedih deui mun keur inget ka salaki abdi. Abdi gé bisa nyanghareupan masalah nu pangbeuratna ieu!”

Tina, anu disebutkeun dina awal artikel, ngomong, ”Sanggeus Timo maot, abdi téh bener-bener ngarasakeun yén Yéhuwa negerkeun abdi jeung ngabantu abdi waktu keur sedih. Abdi yakin pisan kana jangji Alkitab ngeunaan dihirupkeunana deui nu maot. Abdi jadi bisa tabah pikeun ngadagoan waktuna abdi bisa panggih deui jeung Timo.”

Sabenerna, aya jutaan jalma séjénna anu percaya yén jangji dina Alkitab téh pasti bakal jadi kanyataan. Tapi, bisa jadi Anjeun ngarasa jangji dina Alkitab téh siga dongéng atawa teu asup akal. Mun kitu, Anjeun bisa mariksa bukti-bukti yén naséhat jeung jangji dina Alkitab téh bener sarta bisa nguatkeun jalma nu dikantunkeun.

TINGALI LEUWIH LOBA NGEUNAAN HAREPAN PIKEUN NU GEUS MAOT

Mangga tongton vidéona dina situs Internét jw.org/su

Jalma-jalma di Pirdaus ngabagéakeun kulawarga sarta sobatna nu dihirupkeun deui

Dina Alkitab aya jangji yén engké urang bisa panggih deui jeung kulawarga atawa sobat nu geus maot

NAON NU KAALAMAN KU JALMA NU GEUS MAOT?

Naon nu Kaalaman ku Jalma nu Geus Maot?

Naon nu bakal kaalaman waktu urang maot? Jawaban tina Alkitab bakal ngahibur urang

Tingali dina PERPUSTAKAAN > VIDÉO (Téangan: KITAB SUCI > PANGAJARAN KITAB SUCI)

NAHA SADÉRÉK HOYONG NGADANGU WARTA PIKABUNGAHEUN?

Naha Sadérék Hoyong Ngadangu Warta Pikabungaheun?

Urang sering pisan ngadéngé warta goréng, jadi di mana urang bisa manggihan warta hadé?

Tingali dina PERPUSTAKAAN > VIDÉO (Téangan: IBADAH JEUNG PALAYANAN URANG > VIDÉO KEUR NGAWAWAR)

a Yéhuwa téh nami Allah nu aya dina Alkitab.

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun