PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • gf pal. 9 kaca 15
  • Saha Waé Nu Jadi Sobat Allah?

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Saha Waé Nu Jadi Sobat Allah?
  • Sadérék Tiasa Janten Sobat Allah!
Sadérék Tiasa Janten Sobat Allah!
gf pal. 9 kaca 15

PALAJARAN 9

Saha Waé Nu Jadi Sobat Allah?

Yésus Kristus nu geus jadi Raja ti Karajaan Allah sarta para malaikat ngabingbing kagiatan pangwawaran

Yésus Kristus téh ciptaan Allah anu cikal sarta sobat Allah anu pangdalitna tur pangdipikanyaahna. Sateuacanna hirup di bumi sabagé manusa, Yésus kantos hirup di sawarga sabagé mahluk roh nu perkasa. (Yohanes 17:5) Saterasna, Anjeunna sumping ka bumi pikeun ngajarkeun bebeneran ngeunaan Allah ka manusa. (Yohanes 18:37) Anjeunna ogé masrahkeun kahirupanana pikeun nyalametkeun manusa-manusa nu taat tina dosa sarta pati. (Rum 6:23) Kiwari, Yésus téh Raja ti Karajaan Allah, nyaéta pamaréntahan di sawarga nu bakal ngawujudkeun Pirdus di ieu bumi.​—Wahyu 19:16.

Para malaikat ogé sobatna Allah. Para malaikat henteu ngamimitian hirupna sabagé manusa di bumi. Maranéhna diciptakeun di sawarga sateuacan Allah nyiptakeun bumi. (Ayub 38:4-7) Aya jutaan malaikat. (Wahyu 5:11) Sobat-sobat Allah nu di sawarga ieu miharep sangkan jalma-jalma dialajar bebeneran ngeunaan Yéhuwa.​—Wahyu 14:6, 7.

Saksi-Saksi Yéhuwa ngawawar ka saurang awéwé

Allah ogé kagungan sobat-sobat di bumi; Mantenna nyebat maranéhna saksi-saksi-Na. Saksi di pangadilan méré katerangan nu dipikanyaho ku manéhna ngeunaan jalma atawa kajadian. Saksi-Saksi Yéhuwa nyaritakeun ka nu séjén naon anu dipikanyaho ku manéhna ngeunaan Yéhuwa sarta kapalay-Na. (Yesaya 43:10) Sakumaha para malaikat, Saksi-Saksi kersa ngabantu Sadérék diajar bebeneran ngeunaan Yéhuwa. Maranéhna miharep sangkan Sadérék ogé janten sobat Allah.

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun