PALAJARAN 10
Cara Manggihan Agama Nu Bener
Upami Sadérék palay janten sobat Allah, Sadérék kedah ngalampahkeun agama nu dipirido ku Mantenna. Yésus nyarioskeun yén ”umat anu tulen [bener] ibadah” bakal nyembah ka Allah luyu sareng ”kayaktian” atanapi bebeneran. (Yohanes 4:23, 24, Sunda Formal) Ngan aya hiji cara nu bener pikeun nyembah ka Allah. (Epesus 4:4-6) Agama nu bener nungtun kana kahirupan nu langgeng, lamun agama nu palsu brasna kana pibinasaeun.—Mateus 7:13, 14, Sunda Formal.
Sadérék tiasa terang agama nu bener ku cara merhatikeun jalmi-jalmi anu ngalampahkeunana. Ku margi Yéhuwa téh bageur, umat anu bener ibadahna pastina ogé balalageur. Saperti tangkal jeruk nu alus, buahanana tangtu alus, kitu ogé agama nu bener ngahasilkeun jalma-jalma nu hadé.—Mateus 7:15-20.
Sobat-sobat Yéhuwa ngahargaan Alkitab. Maranéhna nyaho yén Alkitab téh asalna ti Allah. Maranéhna ngandelkeun Alkitab pikeun ngabingbing kahirupan, ngaréngsékeun masalah-masalah, sarta ngabantu maranéhna diajar ngeunaan Allah. (2 Timoteus 3:16) Maranéhna ngupayakeun hirup luyu jeung naon nu diwartakeun ku maranéhna.
Sobat-sobat Yéhuwa silih pikanyaah di antara maranéhna. Yésus némbongkeun kaasihna ka jalma-jalma ku cara ngajarkeun bebeneran ngeunaan Allah, sarta nyageurkeun jalma-jalma nu garering. Jalma-jalma nu ngalampahkeun agama nu bener ogé némbongkeun kaasihna ka sasama. Saperti Yésus, maranéhna teu nyapirakeun nu mariskin atawa nu béda sélér bangsa. Yésus nyarioskeun yén jalma-jalma bakal nyarahoeun ka murid-muridna ti kanyaah nu ditémbongkeun di antara maranéhna.—Yohanes 13:35.
Sobat-sobat Allah ngahormat jenengan Allah, Yéhuwa. Upami aya jalmi nu alim nyebatkeun jenengan Sadérék, naha anjeunna tiasa janten sobat Sadérék? Tangtu moal! Upami urang gaduh sobat, urang nyebatkeun jenenganana sarta nyarioskeun hal-hal nu saé ngeunaan anjeunna. Jadi, saha waé nu hayang jadi sobat Allah kudu nyebutkeun jenengana-Na sarta nyaritakeun Mantenna ka nu lian. Yéhuwa miharep urang ngalampahkeunana.—Mateus 6:9; Rum 10:13, 14.
Sakumaha Yésus, sobat-sobat Allah ogé ngajarkeun Karajaan Allah ka nu lian. Karajaan Allah téh pamaréntahan di sawarga nu bakal ngarobah bumi jadi pirdus. Sobat-sobat Allah ngawawarkeun warta pikabungaheun ngeunaan Karajaan Allah ka nu lian.—Mateus 24:14.
Saksi-Saksi Yéhuwa ngupayakeun jadi sobat-sobat Allah. Maranéhna ngahargaan Alkitab sarta silih pikanyaah. Maranéhna ogé nyebutkeun tur ngahormat jenengan Allah sarta ngajarkeun Karajaan Allah ka nu lianna. Saksi-Saksi Yéhuwa ngalampahkeun agama nu bener kiwari.