PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • gf pal. 18 kaca 30-31
  • Geura Jadi Sobat Allah Pikeun Salalawasna!

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Geura Jadi Sobat Allah Pikeun Salalawasna!
  • Sadérék Tiasa Janten Sobat Allah!
  • Bahan nu Sarupa
  • Pék Ngawula Yéhuwa, Allah Kabébasan
    Warta Hadé Hal Karajaan Yéhuwa (Édisi Palajaran)—2018
  • Cara Meunangkeun Kabébasan Sajati
    Warta Hadé Hal Karajaan Yéhuwa (Édisi Palajaran)—2018
  • Ngahargaan Kurnia Kabébasan Milih
    Warta Hadé Hal Karajaan Yéhuwa (Édisi Palajaran)—2017
  • Allah Miharep Sadérék Janten Sobat-Na
    Sadérék Tiasa Janten Sobat Allah!
Sadérék Tiasa Janten Sobat Allah!
gf pal. 18 kaca 30-31

PALAJARAN 18

Geura Jadi Sobat Allah Pikeun Salalawasna!

Kudu aya upaya pikeun ngawangun sosobatan; kudu aya upaya pikeun ngajagana. Upaya Sadérék pikeun ngawangun sarta ngajaga sosobatan sareng Allah bakal diberkahan pisan. Yésus nyarios ka jalma-jalma nu percaya ka anjeunna, ”Kayaktian . . . baris ngamerdikakeun aranjeun.” (Yohanes 8:32, Sunda Formal) Naon maksudna?

Dua lalaki nu keur aya di Pirdaus

Ayeuna Sadérék tiasa ngarasakeun kamerdékaan. Sadérék tiasa dimerdékakeun tina pangajaran palsu sarta kabohongan anu disebarkeun ku Sétan. Sadérék ogé tiasa dimerdékakeun tina kaayaan anu tanpa harepan nu dialaman ku jutaan jalma nu henteu kenal ka Yéhuwa. (Rum 8:22) Malahan sobat-sobat Allah ogé bakal dimerdékakeun tina kasieun, ”sieun maot”.​—Ibrani 2:14, 15.

Dina mangsa pikahareupeun, Sadérék tiasa ngarasakeun kamerdékaan anu langkung hébat. Di dunya anyar Allah, nyaéta di bumi Pirdus, bakal aya kamerdékaan tina perang, panyakit, sarta kajahatan. Kamerdékaan tina kamiskinan sarta kalaparan. Moal aya deui awak ngolotan sarta ajal. Moal aya deui kasieun, kaniaya, sarta kateuadilan. Alkitab ngajelaskeun ngeunaan Allah, ”Gusti . . . nyumponan kabutuh [sarta kahayang] sakumna mahluk.”​—Jabur 145:16.

Sobat-sobat Allah bakal hirup salalanggengna. Hirup langgeng téh kurnia Allah nu dipaparinkeun ka jalma-jalma nu ngupayakeun sosobatan sareng Mantenna. (Rum 6:23) Pikirkeun sakumaha gedéna mangpaat hirup nu langgeng pikeun Sadérék!

Saurang lalaki jeung budak awéwé keur ningali sato, sarta saurang awéwé keur ngagambar

Bakal loba waktu pikeun migawé rupa-rupa kagiatan. Sadérék panginten palay diajar ngagunakeun pakakas musik, diajar ngalukis, atanapi jadi tukang kayu. Panginten Sadérék ogé palay diajar ngeunaan sasatoan atanapi tutuwuhan. Atanapi, panginten Sadérék palay pelesir sarta nepangan jalmi-jalmi ti sagala nagri. Ieu sadaya tiasa kawujud upami Sadérék hirup langgeng!

Bakal loba waktu pikeun nyieun sosobatan. Ku ayana hirup langgeng, Sadérék tiasa kenal sareng seueur jalmi nu tos jadi sobat Allah. Sadérék bakal apal kana bakat sarta sipat-sipat hadé aranjeunna, sarta aranjeunna ogé bakal jadi sobat Sadérék. Sadérék bakal nyaah ka aranjeunna, sarta aranjeunna ogé bakal nyaah ka Sadérék. (1 Korinta 13:8) Ku ayana hirup langgeng, Sadérék tiasa sosobatan sareng unggal jalmi nu aya di dunya! Nu pangpentingna mah, sosobatan Sadérék sareng Allah bakal langkung raket ti abad ka abad. Mugia Sadérék janten sobat Allah pikeun salalawasna!

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun