PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • gf pal. 17 kaca 28-29
  • Sangkan Tetep Boga Sobat, Kudu Jadi Sobat

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Sangkan Tetep Boga Sobat, Kudu Jadi Sobat
  • Sadérék Tiasa Janten Sobat Allah!
  • Bahan nu Sarupa
  • Asih Allah téh Langgeng
    Carana Tetep Dipikaasih ku Allah
  • ”Maraneh ku Kami Disebut Sobat”
    Warta Hadé Hal Karajaan Yéhuwa (Édisi Palajaran)—2020
  • Surat ti Badan Pingpinan
    Carana Tetep Dipikaasih ku Allah
  • Tetep Rumaket ka Yéhuwa
    Naon nu Diajarkeun Kitab Suci?
Tingali Ogé
Sadérék Tiasa Janten Sobat Allah!
gf pal. 17 kaca 28-29

PALAJARAN 17

Sangkan Tetep Boga Sobat, Kudu Jadi Sobat

Sosobatan dumasarna kana kanyaah. Langkung seueur Sadérék diajar ngeunaan Yéhuwa, Sadérék langkung mikaasih Mantenna. Sarta saterasna Sadérék bakal langkung palay ngawulaan Mantenna. Ieu bakal ngagerakkeun Sadérék sangkan janten murid Yésus Kristus. (Mateus 28:19) Ku cara ngagabung jeung kulawarga Saksi-Saksi Yéhuwa nu bagja, Sadérék tiasa ngajalin sosobatan sareng Allah pikeun salalawasna. Naon nu kedah dilampahkeun ku Sadérék?

Sadérék kedah némbongkeun asih Sadérék ka Allah ku cara tumut kana hukum-hukum-Na. ”Tandana nyaah ka Allah teh nurut kana parentah Mantenna. Ari parentah-parentah-Na taya anu matak teu pikadugaeun urang.”​—1 Yohanes 5:3.

Lampahkeun naon anu parantos diwulangkeun ka Sadérék. Yésus nyaritakeun hiji kisah nu ngagambarkeun ieu hal. Hiji priya nu wijaksana ngawangun imahna dina luhur batu. Hiji priya nu bodo ngawangun imahna dina luhur keusik. Sawaktu aya hujan gedé jeung caah, imah nu diwangunna dina luhur batu mah tetep ajeg henteu rugrug, namung imah nu diwangun dina luhur keusik mah runtuh tur kacida ruksakna. Yésus nyarioskeun yén jalma-jalma nu ngaregepkeun piwulangna sarta ngalampahkeunana saperti priya nu wijaksana nu ngawangun imahna dina luhureun batu. Tapi, jalma-jalma nu ngadéngékeun piwulangna sarta henteu ngalampahkeunana saperti priya nu bodo nu ngawangun imahna dina luhureun keusik. Sadérék palay janten priya anu mana?​—Mateus 7:24-27.

Imah anu dibangun di luhureun batu jeung imah anu dibangun di luhureun keusik

Pangabdian. Ieu maksadna Sadérék kedah ngadoa ka Yéhuwa sarta carioskeun yén Sadérék palay ngalampahkeun kahoyong-Na pikeun salalanggengna. Ngalampahkeun kahoyong Allah némbongkeun yén Sadérék téh muridna Yésus Kristus.​—Mateus 11:29.

Saurang awéwé keur ngadoa pikeun ngabaktikeun kahirupanana ka Yéhuwa

Baptisan. ”Mangga ayeuna urang baptis, . . . Geura sasambat ka pajenengan Gusti, nyuhunkeun dihapunten sagala dosa.”​—Rasul 22:16.

Saurang lalaki keur dibaptis

Ngupayakeun diri ngawula ka Allah sagemblengna. ”Ngalampahkeun parentah . . . kudu enya-enya, lir gawe keur Gusti lain keur jelema.”​—Kolosa 3:23.

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun