PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • ds kaca 4-11
  • Pesen

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Pesen
  • ’Datangan Jalma-Jalma, Jaradikeun Murid, Baptis Maranéhna’
’Datangan Jalma-Jalma, Jaradikeun Murid, Baptis Maranéhna’
ds kaca 4-11

Pesen keur Kolot:

Sabagé kolot, pasti Sadérék hayang ngabantu budak Sadérék mikanyaah Yéhuwa jeung ngabaktikeun diri ka Mantenna. Kumaha Sadérék bisa ngabantu manéhna sangkan siap dibaptis? Iraha manéhna siap nyieun putusan nu penting ieu?

Yésus maréntahkeun murid-muridna, ”Datangan jalma-jalma saalam dunya jaradikeun murid Kami, baptis [maranéhna].” (Mat. 28:19) Jadi, sarat utama sangkan bisa dibaptis téh kudu jadi murid Yésus. Éta hartina lain ngan saukur paham jeung percaya kana pangajaran Kristus, tapi ogé bener-bener ngajalankeunana. Ieu bisa dilakukeun ku kabéh jalma, kaasup budak ngora.

Kolot kudu jadi tuladan jeung ngajarkeun firman Yéhuwa ka budakna. (Pam. 6:6-9) Sadérék bisa maké buku Hirup Bagja Salilana! pikeun ngajarkeun bebeneran dasar Alkitab jeung ngabantu manéhna paham sarta ngajalankeun prinsip-prinsip Alkitab. Bantu budak Sadérék sangkan bisa ngajelaskeun kapercayaanana ka batur. (1 Pet. 3:15) Pangaweruh jeung anjuran nu ditarima ti Sadérék, palajaran pribadi, ibadah kulawarga, pasamoan, sarta campur gaul jeung dulur-dulur saiman bisa ngajurung manéhna pikeun dibaptis jeung miboga cita-cita rohani.

Ceuk Siloka 20:11, ”Sipat budak oge boh jujur, boh bageur, tembong dina paripolahna.” Hal-hal naon waé nu nyirikeun yén budak Sadérék, boh lalaki boh awéwé, geus jadi murid Yésus Kristus jeung siap dibaptis?

Budak nu keur nyieun kamajuan pikeun dibaptis kudu taat ka kolotna. (Ras. 5:29; Kol. 3:20) Alkitab nyaritakeun, waktu umur 12 taun, ”Yesus . . . tetep-tumetep ngesto [ka kolotna]”. (Luk. 2:51) Tangtu Sadérék teu bisa ngarepkeun kasampurnaan ti budak Sadérék. Tapi, budak nu hayang dibaptis kudu nyonto tuladan Yésus jeung taat ka kolotna.

Bakal kaciri yén manéhna gé resep diajar Alkitab. (Luk. 2:46) Naha budak Sadérék sumanget datang jeung aktif di pasamoan? (Jab. 122:1) Naha manéhna resep palajaran pribadi jeung maca Alkitab unggal poé?​—Mat. 4:4.

Budak nu keur nyieun kamajuan pikeun dibaptis ngutamakeun kapentingan Karajaan. (Mat. 6:33, Sunda Formal [SF]) Manéhna paham kana tanggung jawabna pikeun nyaritakeun kapercayaanana ka batur. Manéhna miluan rupa-rupa kagiatan pangwawaran jeung teu éra lamun guru atawa babaturan sakolana nyahoeun yén manéhna téh Saksi Yéhuwa. Manéhna gé sérius ngalaksanakeun tugasna dina Pasamoan Kagiatan jeung Kahirupan.

Manéhna bakal nyingkahan campur gaul nu goréng supaya tetep bersih sacara moral. (Sil. 13:20; 1 Kor. 15:33) Éta kabukti lamun manéhna ati-ati dina milih musik, film, acara TV, video game, jeung waktu maké Internét.

Loba barudak ngora ngarasakeun mangpaat tina bingbingan kolotna, ku kituna maranéhna nyieun putusan pikeun nyembah ka Allah jeung nyumponan sarat pikeun dibaptis. Mugia Yéhuwa ngaberkahan upaya Sadérék dina ngabantu budak Sadérék nyieun putusan nu penting ieu.

Pesen keur Pawarta nu Can Dibaptis:

Sadérék geus nyieun kamajuan rohani nu hadé pisan pikeun jadi pawarta nu can dibaptis. Tangtu ieu téh mangrupakeun kahormatan. Lantaran geus diajar Firman Allah, Sadérék jadi wanoh ka Yéhuwa jeung boga iman kana jangji-jangji-Na.​—Yoh. 17:3; Ibr. 11:6.

Saacan diajar Alkitab jeung Saksi-Saksi Yéhuwa, bisa jadi Sadérék pernah nganut agama séjén atawa teu boga agama. Bisa jadi Sadérék gé pernah ngalakukeun hal nu teu luyu jeung prinsip Alkitab. Tapi, ayeuna Sadérék geus tobat jeung ngarasa kaduhung kana kasalahan Sadérék. Sadérék ogé nyieun parobahan ku cara nolak kabéh kabiasaan nu salah tuluy ngalakukeun nu bener dina pandangan Allah. Ieu téh bukti yén Sadérék miboga iman ka Yéhuwa.​—Ras. 3:19.

Sabalikna, bisa jadi Sadérék geus nyaho kana Kitab Suci ”ti bubudak”. (2 Tim. 3:15) Tangtu éta ngabantu Sadérék nyingkahan tingkah laku nu salah atawa kabiasaan nu teu luyu jeung prinsip Alkitab. Sadérék geus diajar carana nolak gogoda ti babaturan jeung sagala nu teu dipikaresep ku Yéhuwa. Sadérék némbongkeun iman ku cara ngadukung ibadah sajati jeung nyaritakeun kapercayaan Sadérék ka batur. Sadérék gé geus dilatih dina dines pangwawaran. Ahirna, Sadérék mutuskeun pikeun ngawula ka Yéhuwa sabagé pawarta nu can dibaptis.

Tapi, teu sual Sadérék kakara diajar ngeunaan Yéhuwa atawa geus diajar ti leuleutik, pasti Sadérék hayang nyieun kamajuan pikeun ngabaktikeun diri sarta dibaptis. Sadérék bisa ngabaktikeun diri ka Yéhuwa ku cara ngadoa jeung jangji rék ngawula ngan ka Mantenna salawasna. (Mat. 16:24) Sadérék dibaptis pikeun némbongkeun yén Sadérék geus ngabaktikeun diri. (Mat. 28:19, 20) Liwat pangbaktian jeung baptisan, Sadérék resmi dilantik jadi palayan Allah Yéhuwa. Ieu téh kahormatan nu pohara gedéna!

Tapi, saperti nu geus ditunjukkeun dina Alkitab, bisa jadi Sadérék nyanghareupan tangtangan. Teu lila sanggeus dibaptis, ”Yesus dicandak ku Roh ka gurun keusik, sina digoda ku Iblis”. (Mat. 4:1) Jadi, bisa waé Sadérék ogé bakal nyanghareupan tangtangan sanggeus dibaptis. (Yoh. 15:20) Tangtangan éta bisa waé datang ti kulawarga Sadérék. (Mat. 10:36) Sadérék gé bisa jadi diléléwé ku babaturan sakola, batur gawé, jeung nu séjén. Inget omongan Yésus nu dicatet dina Markus 10:29, 30, ”Saha-saha anu iklas ninggalkeun rumah-tanggana atawa ninggalkeun dulurna nu lalaki, nu awewe, atawa ninggalkeun indung atawa bapa atawa anak atawa pakaya lantaran beurat ka Kami jeung kana Injil Kasalametan ti Allah, dina jaman ieu bakal meunang gantina leuwih loba. Manehna bakal narima saratus kalieun: imah, dulur lalaki, dulur awewe, indung, anak, pakaya, nya kitu deui panganiayaan, sarta dina jaman nu bakal datang bakal narima hirup anu langgeng.” Jadi, upayakeun sangkan Sadérék tetep raket ka Yéhuwa sarta hirup luyu jeung prinsip-prinsip-Na nu luhur.

Lamun Sadérék hayang dibaptis, béré nyaho koordinator badan kokolot di sidang. Para kokolot bakal ngabahas pananya-pananya dina buku ieu pikeun mutuskeun naha Sadérék geus nyumponan sarat pikeun dibaptis atawa acan. Sadérék bisa mariksa heula pananya-pananyana dina palajaran pribadi.

Waktu keur persiapan, sadiakeun waktu pikeun maca jeung ngalenyepan ayat Alkitab nu dicutat. Sadérék gé bisa nyieun catetan dina buku ieu atawa dina alat séjénna. Sadérék bisa ningali catetan éta waktu ngabahas buku ieu jeung kokolot. Lamun aya nu teu kaharti, tong asa-asa ménta bantuan ka nu ngajarkeun Alkitab ka Sadérék atawa ka kokolot sidang.

Waktu keur ngabahas pananyana jeung kokolot, jawaban Sadérék teu kudu panjang jeung ruwed. Nu pangalusna téh jawaban nu saderhana jeung maké kekecapan sorangan. Pikeun kalolobaan pananya, alus lamun jawaban Sadérék dumasar kana hiji atawa dua ayat Alkitab.

Lamun Sadérék can bener-bener paham kana pangajaran dasar Alkitab, kokolot bakal ngabantu Sadérék sangkan bener-bener paham kana eusi Alkitab sarta bisa ngajelaskeunana ku kekecapan sorangan. Jadi, engkéna Sadérék bisa nyumponan sarat pikeun dibaptis.

[Catetan keur kokolot sidang: Cara pikeun ngabahas pananya jeung calon baptis aya dina kaca 54-59.]

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun