PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • ds kaca 12-26
  • Bagian 1: Kapercayaan Kristen

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Bagian 1: Kapercayaan Kristen
  • ’Datangan Jalma-Jalma, Jaradikeun Murid, Baptis Maranéhna’
’Datangan Jalma-Jalma, Jaradikeun Murid, Baptis Maranéhna’
ds kaca 12-26

PANANYA-PANANYA KEUR PAWARTA NU HAYANG DIBAPTIS

Bagian 1: Kapercayaan Kristen

Lantaran geus diajar Alkitab jeung Saksi-Saksi Yéhuwa, Sadérék jadi paham kana bebeneran. Pangajaran nu ditarima ku Sadérék tangtu ngabantu Sadérék ngaraket ka Allah, miboga harepan hirup langgeng di bumi pirdaus, sarta narima berkah ti Karajaan Allah. Sadérék jadi percaya sagemblengna kana eusi Firman Allah sarta ngarasakeun berkahna campur gaul jeung dulur saiman. Sadérék gé jadi paham kumaha carana Yéhuwa ngabingbing umat-Na dina jaman kiwari.​—Jak. 8:23.

Saacan Sadérék dibaptis, kokolot sidang bakal ngabahas pangajaran dasar Alkitab jeung Sadérék. (Ibr. 6:1-3) Mugia Yéhuwa ngaberkahan upaya Sadérék pikeun wanoh ka Mantenna, jeung mugia Mantenna masihan berkah-berkah nu geus dijangjikeun ka Sadérék.​—Yoh. 17:3.

  1. Ku naon Sadérék hayang dibaptis?

  2. Saha Yéhuwa téh?

    • ”PANGERAN [”Yéhuwa”, Terjemahan Dunia Baru (NW)] teh anu jumeneng Allah di sawarga jeung di bumi. Taya deui Allah sejen.”​—Pam. 4:39.

    • ”Mung Gusti nu jumeneng PANGERAN [”Yéhuwa”, NW], anu murbeng sakuliah jagat.”​—Jab. 83:19.

  3. Ku naon Sadérék kudu ngagunakeun nami Allah?

    • ”Jadi kieu bae unjukan teh: ’Nun Ama di sawarga. Mugi jenengan Ama nu suci dimulyakeun.’”​—Mat. 6:9.

    • ”Sing saha anu sasambat ka nami Yéhuwa bakal disalametkeun.”​—Rum 10:13, NW.

  4. Sebutan naon waé nu aya dina Alkitab pikeun ngagambarkeun Yéhuwa?

    • ”Yéhuwa, Nu Nyipta sakuliah bumi, téh Allah pikeun salanggengna.”​—Yes. 40:28, NW.

    • ”Nun Ama di sawarga.”​—Mat. 6:9.

    • ”Allah teh sipat asih.”​—1 Yoh. 4:8.

  5. Naon nu bisa dilakukeun ku Sadérék pikeun Allah Yéhuwa?

    • ”Masing nyaah ka Pangeran Allah maraneh, terus jeung hate, terus jeung nyawa, terus jeung budi akal, sarta sing sakuat-kuat.”​—Mar. 12:30.

    • ”Maneh kudu nyembah ka Pangeran Allah maneh sarta kudu ngabakti ngan ka Mantenna!”​—Luk. 4:8.

  6. Ku naon Sadérék hayang satia ka Yéhuwa?

    • ”Sing bijaksana anaking, sangkan Bapa senang, jeung sangkan Bapa bisa ngajawab ka anu nyela ka Bapa.”​—Sil. 27:11.

  7. Kudu ka saha Sadérék ngadoa, jeung ku jalan saha ditepikeunana?

    • ”Sing percaya, naon bae pamenta maraneh ka Rama anu dipenta bari mawa ngaran Kami [Yésus], ku Rama tangtu dikabul.”​—Yoh. 16:23.

  8. Naon waé nu bisa didoakeun ku urang?

    • ”Jadi kieu bae unjukan teh: ’Nun Ama di sawarga. Mugi jenengan Ama nu suci dimulyakeun. Karajaan Ama mugi rawuh. Pangersa Ama mugi laksana di dunya, sapertos di sawarga. Mugi abdi dinten ieu dipaparin tedaeun nu picekapeun. Sareng hapunten kalelepatan abdi, sakumaha abdi oge parantos ngahapunten ka nu gaduh kalelepatan ka abdi. Mugi abdi ulah diterapan cocoba anu abot, sawangsulna mugi di salametkeun ti panggoda Iblis.’”​—Mat. 6:9-13.

    • ”Di payuneun Allah teh teger, lantaran yakin Mantenna kersa ngadangukeun naon bae panuhun urang anu sapuk jeung pangersa-Na.”​—1 Yoh. 5:14.

  9. Ku naon Yéhuwa bisa waé teu ngadangukeun doa saurang jalma?

    • ”Bakal datang mangsana aranjeun tingjarerit sasambat ka PANGERAN, tapi hamo dipirosea . . . lantaran kalakuan aranjeun jahat.”​—Mika 3:4.

    • ”Pangeran ngajaga ka anu hade lampahna, ngamakbul ka panedana. Anu jahat lampahna mah ku Pangeran dilawan.”​—1 Pet. 3:12.

  10. Saha Yésus Kristus téh?

    • ”Ceuk Petrus, ’Bapa teh Kristus, Jurusalamet, Putra Allah nu jumeneng.’”​—Mat. 16:16.

  11. Naon tujuan Yésus datang ka bumi?

    • ”Anak Manusa, datangna lain rek menta dikawulaan, tapi rek ngawulaan jeung rek ngorbankeun nyawa-Na supaya jelema-jelema anu salamet.”​—Mat. 20:28.

    • ”Kota-kota sejen oge kudu diteang, perlu diwuruk hal Injil Kasalametan ngeunaan Karajaan Allah. Kami [Yésus] diutus ku Allah pikeun kaperluan eta.”​—Luk. 4:43.

  12. Kumaha carana Sadérék nganuhunkeun kana pangorbanan Yésus?

    • ”Kristus pupus nalangan manusa kabeh, supaya sakur anu hirup, hirupna lain pikeun dirina sorangan deui, tapi pikeun Kristus, anu geus pupus jeung geus dihirupkeun deui pikeun kapentingan maranehna.”​—2 Kor. 5:15.

  13. Sakumaha gedé kakawasaan Yésus?

    • ”Kakawasaan di sawarga jeung di bumi, sagemblengna geus diserenkeun ka Kami.”​—Mat. 28:18.

    • ”Ku Allah dijungjung luhur, dipasihan gelaran anu unggul ti batur.”​—Pil. 2:9.

  14. Naha Sadérék percaya yén Badan Pingpinan Saksi-Saksi Yéhuwa téh ”gandék satia jeung bijaksana” nu dilantik ku Yésus?

    • ”Cik nu disebut gandek satia jeung bijaksana teh nu kumaha? Tangtu ku dununganana baris dipercaya ngurus dahar gandek-gandek lianna saban-saban geus waktuna.”​—Mat. 24:45.

  15. Naha roh suci téh hiji pribadi?

    • ”Malaikat ngawaler, ’Nyai bakal disumpingan ku Roh Suci, bakal diliputan ku kakawasaan Allah. Ku sabab kitu eta putra anu bakal medal teh suci, bakal disebut Putra Allah.’”​—Luk. 1:35.

    • ”Sakumaha jahatna maraneh, tangtu nyaho naon nu hade bikeuneun ka anak! Komo deui Rama maraneh nu di sawarga mah! Mantenna tangtu maparinkeun Roh Suci ka sing saha anu menta ka Mantenna.”​—Luk. 11:13.

  16. Yéhuwa ngagunakeun roh suci-Na pikeun naon?

    • ”Yéhuwa ngajadikeun langit ku firman-Na, jeung sagala eusina ku roh tina baham-Na.”​—Jab. 33:6, NW.

    • ”Maraneh, lamun Roh Suci geus sumping bakal narampa kawasa, pikeun jaradi saksi-saksi Kami . . . nepi ka tungtung bumi.”​—Ras. 1:8.

    • ”Jelema mah moal aya saurang-urang acan anu ngarti sorangan kana eusi piwejang dina Kitab Suci. Jeung jelema mah moal aya anu bisa sorangan ngawartakeun dawuhan Allah perkara nu bakal pijadieun engke. Nabi-nabi oge ngawejangkeunana teh estu ku karana pangersa Roh Suci.”​—2 Pet. 1:20, 21.

  17. Naon Karajaan Allah téh?

    • ”Allah anu jumeneng di sawarga ngadegkeun hiji karajaan anu moal aya tungtungna, moal aya nu tiasa ngelehkeun, malah bakal numpes numpurkeun karajaan-karajaan anu tadi tea sadayana, lajeng ngadeg salalanggengna.”​—Dan. 2:44.

  18. Naon mangpaat Karajaan Allah keur Sadérék?

    • ”Mantenna bakal nyusutan cipanon maranehna. Paeh, kasedih, piceurikeun, kanyeri, moal aya-aya deui. Sakur nu heubeul geus sirna.”​—Wahyu 21:4.

  19. Ti mana Sadérék apal yén sakeudeung deui Sadérék bakal narima berkah Karajaan?

    • ”Murid-murid nyalampeurkeun teu jeung sasaha deui. Tuluy miunjuk, ’Mugi diwartoskeun, anu tadi disaurkeun teh iraha pijadieunana? Kitu deui perkawis pisumpingeun Bapa engke sareng ahir jaman, kumaha galagatna?’ Waler Yesus, ’. . . Bangsa-bangsa silih perangan, nagara-nagara silih tarajang. Bala kalaparan jeung lini di mana-mana. Geus kitu ieu Injil Kasalametan anu mertelakeun hal Karajaan Sawarga bakal diuarkeun ka sakuliah dunya, kadenge ku unggal jelema, geus kitu kakara datang poe kiamat.’”​—Mat. 24:3, 4, 7, 14.

    • ”Dina ahir jaman bakal loba kasukeran. Jalma-jalma ngan inget ka diri sorangan bae, sararakah, takabur, garumede, resep ngagogoreng, bahula ka kolot, taya panarima, teu baroga agama; taya karunya, taya hampura, resep mitenah, bengis, dedegler, ijid ka jelema hade; resep ngahianat, sambarangan, aradigung, ka Allah geus teu nyaraah, leuwih resep senang-senang; ngajalankeun agama semet nedunan lahirna, ari kawasana agama teu dipalire.”​—2 Tim. 3:1-5.

  20. Kumaha Sadérék némbongkeun yén Karajaan Allah téh penting keur Sadérék?

    • ”Pentingkeun heula anu tumali jeung Karajaan Allah sarta kaadilanana nu sampurna.”​—Mat. 6:33, SF.

    • ”Anjeunna sasauran ka murid-murid, ’Nu rek anut ka Kami kudu ninggalkeun kapentingan pribadi, kudu manggul salibna [”tihang siksaanana”, NW] tuluy ngiring ka Kami.’”​—Mat. 16:24.

  21. Saha Sétan jeung roh-roh jahat téh?

    • ”Ti mimiti keneh oge Iblis geus jadi tukang maehan.”​—Yoh. 8:44.

    • ”Eta oray kahot ti jaman purba teh disebutna Iblis atawa Setan, tukang nyasarkeun saalam dunya. Manehna ditotogkeun ka bumi jeung para malaikatna.”​—Wahyu 12:9.

  22. Naon tuduhan Sétan ka Yéhuwa jeung umat-Na?

    • ”Jawab awewe, ’Bubuahan di ieu taman, ti tangkal mana bae oge meunang didahar, kajaba ti tangkal anu di tengah-tengah taman. Geus dielingan ku Allah yen teu meunang didahar, dicabak ge ulah, sabab mun ngadahar eta tangtu paeh.’ Ceuk oray, ’Teu kitu. Hamo matak paeh. Allah sasauran kitu teh pedah uninga, yen upama aranjeun ngadahar eta buah kapinteran, aranjeun bakal mapakan Mantenna, bisa terang kana hade jeung goreng.’”​—Kaj. 3:2-5.

    • ”Si Panggoda ngajawab, ’Jelema mah asal keur ngabelaan nyawa, tara lebar ku banda.’”​—Ayub 2:4.

  23. Kumaha urang ngabuktikeun yén tuduhan Sétan téh salah?

    • ”Pék ngawula ka Mantenna ku sapinuh haté.”​—1 Bab. 28:9, NW.

    • ”Nepi ka paéh gé, urang moal nyingkirkeun kasatiaan urang!”​—Ayub 27:5, NW.

  24. Naon sababna manusa maot?

    • ”Dosa asup ka dunya ku lantaran jelema saurang. Eta dosa mawa maot. Balukarna, maot teh sumebar sarta tumerap ka sakumna manusa, sabab sakabeh manusa geus keuna ku dosa.”​—Rum 5:12.

  25. Kumaha kaayaan nu maot?

    • ”Nu hirup mah nyaho yen bakal paeh. Ari nu paeh mah teu nyaho naon-naon.”​—Pan. 9:5.

  26. Naon harepan pikeun nu geus maot?

    • ”Abdi oge ngaharep ka Allah perkawis pihudangeunana sadaya jalmi tina maot, boh nu bageur, boh nu jahat.”​—Ras. 24:15.

  27. Aya sabaraha jalma nu bakal ka sawarga pikeun maréntah bareng jeung Yésus?

    • ”Ti dinya katingal Anak Domba tea aya di Gunung Sion, jeung 144.000 jelema anu tarangna make tulisan jenengan Anjeunna jeung jenengan Rama-Na.”​—Wahyu 14:1.

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun