PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • rk bag. 2 kaca 4-5
  • Naon Iman nu Sajati téh?

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Naon Iman nu Sajati téh?
  • Naon Konci Hirup Bagja?
  • Subjudul
  • Bahan nu Sarupa
  • Kumaha Sadérék Tiasa Ngapimilik Iman nu Sajati?
  • Iman Bisa Nguatkeun Urang
    Warta Hadé Hal Karajaan Yéhuwa (Édisi Palajaran)—2019
  • Némbongkeun Iman nu Sajati Ayeuna
    Naon Konci Hirup Bagja?
  • Témbongkeun yén Sadérék Kagungan Iman nu Sajati!
    Naon Konci Hirup Bagja?
Naon Konci Hirup Bagja?
rk bag. 2 kaca 4-5

BAGIAN 2

Naon Iman nu Sajati téh?

Saurang lalaki keur ningali duit

Saperti duit, sangkan aya hargana, iman teu meunang palsu

IMAN nu sajati teu ngan saukur percaya yén Allah téh aya. Jutaan jalma nu percaya ka Allah ngahaja milampah kagoréngan. ”Iman” nu kitu téh saperti duit palsu. Katingalina asli, tapi teu aya hargana. Jadi, naon iman nu sajati téh?

Iman nu sajati dumasar kana pangaweruh anu bener tina Kitab Suci. Tulisan nu kailham ieu masihan terang ka urang bebeneran ngeunaan Allah sarta kumaha carana sangkan urang kenal ka Mantenna. Kitab Suci ngamuat hukum, tujuan, sarta pangajaran Allah. Ieu sababaraha pangajarana-Na:

  • Allah téh ésa. Teu aya babandinganana.

  • Isa (Yésus) téh lain Allah Nu Mahakawasa. Anjeunna mah nabi Allah.

  • Allah ngutuk ibadah ka brahala.

  • Manusa bakal nyanghareupan poé pangadilan.

  • Jutaan jalma nu maraot bakal dihirupkeun deui di Pirdus.

Iman nu sajati ngajurung urang pikeun milampah kahadéan. Éta bakal ngamulyakeun Allah ogé mawa mangpaat ka urang sarta ka nu séjén. Kahadéan nyakup hal-hal saperti:

  • Ibadah ka Allah.

  • Ngawangun sipat-sipat nu hadé, utamana kaasih.

  • Nolak pikiran sarta kahayang nu salah.

  • Tetep iman ka Allah sanajan nyanghareupan masalah.

  • Ngajar batur ngeunaan Allah.

Nini-nini dibawakeun dahareun ku hiji kulawarga

Iman nu sajati ngahasilkeun kahadéan

Kumaha Sadérék Tiasa Ngapimilik Iman nu Sajati?

Saurang atlét keur ngalatih ototna

Iman téh kawas otot, beuki dilatih beuki kuat

Nyuhunkeun pitulung Allah. Nabi Musa ngadoa ka Allah, ”Wartoskeun pangersa teh bade kumaha, supados abdi tiasa ngawulaanana, sareng supados tetela yen leres abdi teh kamanah.” a Allah ngadangu sarta ngabulkeun doana. Musa jadi tuladan iman nu saé pikeun urang. Allah ogé bakal ngabantu Sadérék ngapimilik iman nu sajati.

Sadiakeun waktu pikeun diajar Kitab Suci. Tulisan-tulisan kailham, kaasup Torét, Jabur, sarta Injil, aya dina Alkitab, buku anu paling loba ditarjamahkeun jeung disebarkeun di sakuliah dunya. Naha Sadérék kagungan tulisan-tulisan kailham ieu?

Larapkeun naséhat Kitab Suci dina kahirupan sapopoé. Iman téh kawas otot, beuki dilatih beuki kuat. Upami Sadérék ngajalankeun iman, iman Sadérék ogé bakal langkung kiat. Sadérék bakal ngarasakeun mangpaat naséhat ti Allah. Saenyana, naséhat praktis nu aya dina Kitab Suci téh ningkatkeun kualitas kahirupan loba jalma. Mangga baca sababaraha contona.

a Budalan 33:13.

Naon Jawaban Sadérék?

  • Iman nu sajati dumasar kana naon?

  • Kahadéan naon anu dihasilkeun ku iman nu sajati?

  • Kumaha carana sangkan Sadérék ngapimilik iman nu sajati?

Allah Ngajaga Firman-Na

Urang tiasa yakin yén Allah tos ngaraksa Kitab Suci sangkan tetep sakumaha aslina pikeun urang ayeuna. Allah Nu Mahakawasa mampuh nangtayungan buku kagungana-Na. Firman-Na nyarioskeun, ”Jukut tangtu layu, kembang tangtu perang, tapi pangandika Allah urang mah umurna langgeng.”​—Yesaya 40:8.

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun