PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • rk bag. 6 kaca 15-17
  • Naon Tujuan Allah Nyiptakeun Bumi?

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Naon Tujuan Allah Nyiptakeun Bumi?
  • Naon Konci Hirup Bagja?
  • Bahan nu Sarupa
  • Naon Tujuan Gusti Nyiptakeun Bumi?
    Kabar Gumbira ti Gusti!
  • Allah Nyiptakeun Lalaki jeung Awéwé
    Palajaran tina Kisah-Kisah Alkitab
Naon Konci Hirup Bagja?
rk bag. 6 kaca 15-17

BAGIAN 6

Naon Tujuan Allah Nyiptakeun Bumi?

ALLAH nyiptakeun bumi pikeun jadi pamatuhan nu sampurna kanggé manusa. Firman-Na nyarioskeun, ”Langit keur PANGERAN nyalira, tapi bumi mah ku Mantenna diserenkeun ka manusa.”​—Jabur 115:16.

Sateuacanna Allah nyiptakeun manusa nu mimiti, Adam, Mantenna milih hiji daérah leutik di bumi nu disebut Éden, sarta dijieun hiji taman nu éndah. Kitab Suci nyarioskeun yén walungan Éprat jeung walungan Tigris sumberna di Éden.a Lokasi taman Éden kira-kira di beulah wétaneun Turki. Saenyana, taman Éden aya di bumi!

Allah nyiptakeun Adam sarta nempatkeun manéhna di taman Éden ”sina ngurus jeung ngajaga”. (Kajadian 2:15) Terus, Allah nyiptakeun hiji pamajikan keur Adam, nyaéta Hawa. Allah maparin paréntah ka maranéhna, ”Masing loba anak, turunan maraneh sing nepi ka minuhan ieu bumi sarta murba ka eta.” (Kajadian 1:28) Jadi, ”Mantenna ngadegkeun bumi . . . lain sangkan terus suwung, tapi supaya dicicingan ku manusa.”​—Yesaya 45:18.

Nanging, Adam jeung Hawa barontak ngalawan ka Allah, ngahaja ngalanggar hukum-Na. Ku kituna, Allah ngusir maranéhna sina kaluar ti taman Éden. Pirdus teu aya deui. Sarta teu ngan sakitu karuksakan nu dibalukarkeun ku dosa Adam. Kitab Suci masihan terang ka urang, ”Dosa asup ka dunya ku lantaran jelema saurang. Eta dosa mawa maot. Balukarna, maot teh sumebar sarta tumerap ka sakumna manusa, sabab sakabeh manusa geus keuna ku dosa.”​—Rum 5:12.

Naha Yéhuwa bakal teras ngalaksanakeun tujuanana nu ngawitan nyaéta ngawujudkeun bumi janten pirdus pikeun pamatuhan manusa nu bagja? Tangtu! Allah nyarios, ”Nya kitu pangandika anu kaluar ti Kami, moal gagal mawa tujuan pangersa Kami. Sagala pangersa Kami, ku eta tangtu dilaksanakeun.” (Yesaya 55:11) Pirdus bakal dipulihkeun deui di bumi.

Kahirupan di Pirdus téh bakal siga kumaha? Mangga perhatikeun jangji-jangji dina Kitab Suci nu dijéntrékeun dina dua kaca ieu.

a Kajadian 2:10-14 nyarioskeun, ”Eta taman meunang cai ti hiji walungan anu aya di tanah Eden. Ti beh girangna eta walungan nyagak opat. Nu kahiji ngaranna Walungan Pison . . . Nu kadua ngaranna Walungan Gihon . . . Nu katilu ngaranna Walungan Tigris, ngocorna ka tanah wetaneun tanah Asur. Nu kaopat ngaranna Walungan Eprat.” Ngaran sarta lokasi dua walungan nu mimiti, geus teu kanyahoan deui ayeuna.

Naon Jawaban Sadérék?

  • Naon kawitna tujuan Allah pikeun bumi sareng manusa?

  • Ti mana urang terang yén Allah bakal ngawujudkeun tujuanana?

Jalma-jalma di Pirdus

Bumi Pirdus nu Bakal Datang

Nu maot bakal dihirupkeun deui: ”Anu paraeh bakal ngadarenge soara Anjeunna, tuluy kalaluar ti jero kuburna.”​—Yohanes 5:28, 29.

Moal aya deui awak ngolotan, rupa-rupa panyakit, sarta pati: ”Moal aya anu udah-aduh ku panyakit.” (Yesaya 33:24) Allah ”bakal nyusutan cipanon maranehna. Paeh, kasedih, piceurikeun, kanyeri, moal aya-aya deui”.​—Wahyu 21:4.

Kadaharan nu limpah: ”Tanah geus ngaluarkeun hasil. Allah, Allah urang, geus ngaberkahan.”​—Jabur 67:7.

Imah nu alus sarta pagawéan nu nyugemakeun: ”Anu nyarieun imah bisa dipake ku maranehna keneh, moal dieusian ku jalma lian” sarta umat Allah ”bakal bisa metik kani’matan hasil gawena”.​—Yesaya 65:21, 22.

Moal aya deui perang, kajahatan, atawa katelengesan: Yéhuwa ”ngeureunkeun peperangan di sakuliah jagat”. (Jabur 46:10) ”Nu daroraka mah ku Allah baris didudut . . . lir tangkal anu dirabut jeung akar-akarna.”​—Siloka 2:22.

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun