PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • rk bag. 7 kaca 18-19
  • Nu Dijangjikeun ku Allah Liwat Para Nabi

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Nu Dijangjikeun ku Allah Liwat Para Nabi
  • Naon Konci Hirup Bagja?
Naon Konci Hirup Bagja?
rk bag. 7 kaca 18-19

BAGIAN 7

Nu Dijangjikeun ku Allah Liwat Para Nabi

NABI-NABI jaman baheula némbongkeun iman ka Allah. Maranéhna percaya kana jangji-jangji Allah sarta hirup luyu jeung jangji-jangji éta. Naon sababaraha jangji-jangjina?

Sanggeus Adam jeung Hawa ngabarontak di Éden, Allah langsung ngajangjikeun hiji pribadi nu bakal ngaremukkeun hulu ”eta oray”, nyaéta ”oray kahot” nu ”disebutna Iblis atawa Setan”, sangkan binasa salalanggengna. (Kajadian 3:14, 15; Wahyu 12:9, 12) Saha Pribadi Nu Bakal Datang téh?

Kira-kira 2.000 taun saatos maparin nubuat nu kahiji, Yéhuwa jangji ka nabi Ibrahim yén Pribadi Nu Bakal Datang téh turunanana. Allah jangji ka Ibrahim, ”Bangsa-bangsa saalam dunya baris mareunang berkah ku lantaran turunan maneh, sabab maneh tuhu kana parentah Kami.”​—Kajadian 22:18.

Taun 1473 SM, Allah maparin katerangan nu leuwih jelas ka nabi Musa ngeunaan ”turunan” éta. Musa méré nyaho urang Israil, ”Mantenna baris ngutus hiji nabi ka maraneh, ti bangsa urang keneh, cara Bapa ayeuna. Ku maraneh kudu diturut.” (Pamindo 18:15) Saperti Musa, nabi nu bakal datang téh asalna ti turunan Ibrahim.

Éta nabi ogé asalna ti turunan Raja Daud sarta anjeunna gé bakal jadi raja nu agung. Allah jangji ka Raja Daud, ”Aya anak maneh saurang anu ku Kami rek dijieun raja, sarta karajaanana rek dikersakeun nanjung.” (2 Samuel 7:12, 13) Allah ogé nyebatkeun yén turunan Daud ieu bakal disebut ”Raja Kerta”, sarta ”kakawasaanana moal aya tungtungna. Karajaanana bakal aman sapapanjangna. Marentahna bakal sakumaha Raja Daud. Kakawasaanana napak dina bener jeung adil”. (Yesaya 9:6, 7) Pamingpin nu bener tur adil ieu bakal mulihkeun katengtreman jeung kaadilan di sakuliah dunya. Nanging, iraha anjeunna bakal datang?

”Turunan” nu dijangjikeun bakal . .  datang ti turunan Ibrahim, jadi nabi saperti Musa, datang ti garis turunan Daud, datang taun 29 M, ngaremukkeun oray nyaéta, Sétan

Ka dieunakeun, malaikat Jabrail (Jibril) méré nyaho nabi Daniél, ”Manéh kudu nyaho jeung boga pamahaman yén ti semet kaluarna paréntah pikeun mulihkeun sarta ngawangun deui Yérusalém nepi ka datangna Mésias, nu jadi Pamingpin, bakal aya tujuh minggu, ogé genep puluh dua minggu.” (Daniel 9:25, NW) Jadi, aya 69 minggu taun. Ku sabab hiji minggu taun sarua jeung 7 taun, kabéhna aya 483 taun. Éta lumangsung ti taun 455 SM nepi ka 29 M.a

Naha Mésias, nabi nu saperti Musa sarta ”turunan” nu geus lila diarep-arep téh, bakal datang taun 29 M? Mangga urang tingal.

a Tingali catetan ahir 2 dina kaca 255 tina buku Hirup Bagja Salilana! nu dipedalkeun ku Saksi-Saksi Yéhuwa.

Naon Jawaban Sadérék?

  • Naon nu bakal dipidamel ku ”turunan” Ibrahim ka Sétan?

  • Naon nu dijangjikeun ku Allah liwat Musa?

  • Naon nu dipikanyaho ku Daud ngeunaan ”turunan” éta?

  • Malaikat Jabrail méré nyaho naon ka Daniél?

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun