BAGIAN 13
Iman nu Sajati Nungtun kana Kabagjaan nu Langgeng
”JELEMA anu geus diangken deui ku Allah lantaran percaya ka Allah, tinangtu hirup,” ceuk Kitab Suci. (Rum 1:17) Ieu ayat ngamuat jangji nu matak tajub, kaasup ogé pikeun Sadérék. Dina hal naon?
Saatos ngaréngsékeun pancénna di bumi, Isa, Sang Mésias, munggah ka sawarga pikeun linggih sareng Allah. Waktu aya di antara murid-muridna, ”[Isa] dicandak ka sawarga, diarawaskeun nepi ka lesna teu katembong kahalangan ku mega”. (Rasul 1:9) Di sawarga, Allah ngalantik anjeunna sabagé Raja sawarga nu perkasa. Moal lami deui, Isa, ”Putra Manusa”, bakal sumping ”diiring ku sakabeh malaikat-Na, seug nyalikan tahta-Na anu mulya. Jelema-jelema saalam dunya bakal dijagragkeun ka payuneuna-Na. Anjeunna bakal misah-misahkeun maranehna jadi dua bagian, saperti pangangon misah-misahkeun domba ti embe”. (Mateus 25:31, 32) Iraha ieu bakal kajadian?
Kitab Suci nganubuatkeun yén bakal aya mangsa kasangsaraan sadunya. Ieu bakal jadi tanda yén moal lila deui Sang Mésias bakal ngahakiman bangsa-bangsa. Nabi Isa ngajelaskeun sababaraha di antarana, ”Bangsa ieu merangan bangsa itu, nagara ieu merangan nagara itu. Bakal sering aya lini kacida galedena, bahla kalaparan, jeung pagebug di mana-mana, . . . bakal tembong galagat-galagat aneh jeung pikasieuneun.”—Lukas 21:7, 10, 11.
Pasualan-pasualan nu kajadian ayeuna némbongkeun yén moal lila deui Mésias bakal ngahakiman bangsa-bangsa
Kiwari, jelas pisan katingal ku urang yén hal-hal nu dicarioskeun ku nabi Isa téh laksana. Moal lila deui, nabi Isa bakal sumping pikeun ngabinasakeun jalma nu jahat. Ahirna, Sétan ogé bakal ditumpes! Sakuliah bumi bakal jadi pirdus. Sakabéh jalma bakal hirup tengtrem malahan bisa rukun jeung sato. ”Ajag jeung domba hirup rukun babarengan, maung jeung anak embe darepa reureujeungan. Anak sapi nyatuan bareng jeung anak singa, diangon ku barudak . . . sepi anu niat jail, moal aya anu niat jahat.” (Yesaya 11:6, 9) ”Moal aya anu udah-aduh ku panyakit. . . . Nu lolong bakal bisa nenjo, nu torek bakal bisa ngadenge.” (Yesaya 33:24; 35:5) Malahan mah nu maot ogé bakal dihirupkeun deui. ”Cipanon ku Mantenna bakal disusut ti unggal panon”, sarta ”paeh, kasedih, piceurikeun, kanyeri, moal aya-aya deui”. (Yesaya 25:8; Wahyu 21:4) Ku sabab kitu, tujuan Allah nu ngawitan bakal laksana. Ieu téh harepan nu matak tajub!
Teras Kuatkeun Iman Sadérék
Jalma saperti kumaha nu ku Allah bakal dipaparin berkah hirup di Pirdus? Jalma nu miboga iman nyaéta iman nu sajati!
Perlu diinget yén iman nu sajati dumasarna kana pangaweruh nu bener tina Firman Allah. Ku sabab kitu, terus upayakeun pikeun leuwih kenal ka Allah sarta nabi Isa!
Jalma nu ariman bakal hirup di Pirdus pikeun salanggengna!
Iman nu sajati dibuktikeun ku laku lampah nu hadé. Firman Allah ngajelaskeun, ”Iman henteu jeung lampah teh paeh.” (Yakobus 2:26) Ku cara ngalampahkeun kahadéan, Sadérék bakal némbongkeun sipat-sipat Allah nu hadé, nyaéta kawasa, kaadilan, hikmah, sarta kaasih. Upayakeun satékah polah pikeun mekarkeun sipat-sipat saléh ieu!
Upami mupuk iman nu sajati, Sadérék bakal nampi berkah nu limpah. Éta téh konci sangkan Sadérék tiasa hirup bagja ti ayeuna nepi ka salalanggengna!