PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • ll bag. 8 kaca 18-19
  • Tina Maotna Nabi Isa, Sadérék Bakal Meunang Mangpaat Naon?

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Tina Maotna Nabi Isa, Sadérék Bakal Meunang Mangpaat Naon?
  • Dangukeun Gusti Sangkan Hirup Langgeng
  • Bahan nu Sarupa
  • Bagian 8
    Dangukeun Gusti
  • Naon Karajaan Allah téh?
    Naon nu Diajarkeun Kitab Suci?
  • Bakal aya pihudangeunana nu maot!
    Naon nu Diajarkeun Kitab Suci?
  • Tebusan—’Kurnia nu Sampurna’ ti Allah
    Warta Hadé Hal Karajaan Yéhuwa (Édisi Palajaran)—2017
Tingali Ogé
Dangukeun Gusti Sangkan Hirup Langgeng
ll bag. 8 kaca 18-19

BAGIAN 8

Kumaha Maotna Nabi Isa Méré Mangpaat keur Sadérék?

Nabi Isa maot supaya urang bisa hirup langgeng. Yohanes 3:16

Awéwé-awéwé ningali makam Nabi Isa nu geus kosong

Tilu poé sanggeus Nabi Isa maot, sababaraha awéwé datang ka makamna, ari pék téh éta makam kosong. Yéhuwa geus ngahirupkeun deui anjeunna.

Nabi Isa nunjukkeun dirina ka para rasul, terus anjeunna diangkat ka sawarga

Terus, Nabi Isa némbongkeun diri ka babaturanana, nyaéta para rasul.

Yéhuwa geus ngahirupkeun deui Nabi Isa jadi mahluk roh perkasa nu moal bisa maot. Murid-muridna ningali basa Nabi Isa diangkat ka sawarga.

  • Lantaran boga dosa, naon nu kaalaman ku urang?​—Rum 6:23.

  • Ku jalan Nabi Isa, manusa boga kasempetan pikeun hirup langgeng.​—Rum 5:21.

Gusti ngahirupkeun deui Nabi Isa sarta ngajadikeun anjeunna Raja pikeun Karajaan Allah. Daniel 7:13, 14

Tina tahtana dina Karajaan, Nabi Isa maréntah jalma-jalma di Pirdaus di bumi

Nabi Isa masrahkeun nyawana supaya manusa bébas tina dosa jeung maot. (Mateus 20:28) Ku cara kitu, Gusti bisa masihan kahirupan langgeng ka jalma-jalma nu taat.

Yéhuwa ngalantik Nabi Isa jadi Raja pikeun maréntah bumi. Aya 144.000 jalma satia nu dihirupkeun deui ka sawarga. Babarengan jeung Nabi Isa, maranéhna bakal jadi raja dina Karajaan Allah di sawarga.​—Wahyu 14:1-3.

Karajaan Allah bakal mulihkeun bumi jadi pirdaus. Perang, kajahatan, kamiskinan, jeung kalaparan moal aya deui. Jalma-jalma bakal saruka bungah.​—Jabur 145:16.

  • Naon waé berkah ti Karajaan Allah? —Jabur 72.

  • Urang sakuduna ngadoa supaya Karajaan Allah geura maréntah bumi.​—Mateus 6:10.

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun