PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • jl pal. 11
  • Ku Naon Urang Datang ka Kongrés?

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Ku Naon Urang Datang ka Kongrés?
  • Saha Nu Ngalampahkeun Kahoyong Yéhuwa Kiwari?
Saha Nu Ngalampahkeun Kahoyong Yéhuwa Kiwari?
jl pal. 11

PALAJARAN 11

Ku Naon Urang Datang ka Kongrés?

Kongrés régional Saksi-Saksi Yéhuwa di Meksiko

Meksiko

Publikasi anyar dipedalkeun dina kongrés régional di Jerman

Jerman

Saksi-Saksi Yéhuwa dina kongrés régional di Botswana

Botswana

Saurang budak ngora dibaptis di Nikaragua

Nikaragua

Drama dina kongrés régional di Italia

Italia

Ku naon jalma-jalma dina kaca ieu katingali barungah? Maranéhna keur aya dina salah sahiji kongrés Saksi-Saksi Yéhuwa. Siga umat Allah dina jaman baheula, nu dititah pikeun ngumpul tilu kali sataun, urang ogé ngarep-ngarep pikeun ngumpul bareng jeung leuwih loba dulur saiman. (Pamindo 16:16) Unggal taun, urang ngayakeun tilu kongrés: dua kongrés wilayah nu lilana sapoé jeung kongrés régional nu lilana tilu poé. Naon mangpaatna datang ka kongrés-kongrés ieu?

Urang jadi leuwih raket jeung dulur saiman. Bangsa Israil suka bungah muji Yéhuwa ”di jero kumpulan umat-Na”. Kitu ogé, urang ngarasa bungah waktu ibadah babarengan dina acara istiméwa ieu. (Jabur 26:12; 111:1) Dina acara-acara ieu, urang bisa panggih sarta ngobrol jeung Saksi-Saksi ti sidang séjén atawa malahan nagri séjén. Beurangna, pas reureuh, urang dahar babarengan di tempat kongrés. Ku kituna, urang bisa boga sobat-sobat anyar. (Rasul 2:42) Di dinya, urang ngarasakeun sorangan kanyaah nu ngahijikeun ”papada batur sakapercayaan” di sakuliah dunya.—1 Petrus 2:17.

Urang bisa leuwih kuat sacara rohani. Bangsa Israil narima mangpaat lantaran ngarti kana ayat-ayat Kitab Suci nu dijelaskeun ka maranéhna. (Nehemia 8:8, 12) Urang ogé ngahargaan pangajaran Alkitab nu ditepikeun dina kongrés. Téma unggal acara dumasar kana ayat-ayat Alkitab. Liwat hutbah, simposium, jeung pintonan nu alus, urang diajar carana ngalampahkeun kahoyong Allah dina kahirupan. Urang ogé dikuatkeun ku pangalaman dulur-dulur urang nu bisa nyanghareupan tangtangan salaku urang Kristen dina mangsa nu susah ieu. Dina kongrés régional, aya film ngeunaan kisah-kisah Alkitab nu aya hikmahna keur urang. Dina unggal kongrés, aya acara baptisan pikeun saha waé nu hayang ngalambangkeun pangbaktianana ka Allah.

  • Ku naon kongrés téh acara nu ngabungahkeun?

  • Naon mangpaatna lamun urang datang ka kongrés?

PÉK DIAJAR LEUWIH LOBA

Lamun Sadérék hayang nyaho kumaha duduluran urang, mangga datang ka kongrés urang. Guru Alkitab Sadérék bisa nunjukkeun program acarana sangkan Sadérék bisa ningali topik-topik naon waé nu dibahas. Mangga cirian dina kalénder waktu jeung tempat kongrés nu bakal datang, sarta upayakeun hadir.

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun