PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • jl pal. 10
  • Naon Ibadah Kulawarga téh?

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Naon Ibadah Kulawarga téh?
  • Saha Nu Ngalampahkeun Kahoyong Yéhuwa Kiwari?
  • Bahan nu Sarupa
  • Kumaha Carana Supaya Kulawarga Anjeun Bagja?—Bagian 2
    Hirup Bagja Salilana!—Buku nu Ngabantu Urang Ngarti kana Alkitab
  • Sakulawarga Ibadah ka Yéhuwa
    Kulawarga Sadérék Bisa Bagja
  • Bantu Budak Sadérék Mikanyaah Yéhuwa
    Warta Hadé Hal Karajaan Yéhuwa (Édisi Palajaran)—2022
  • Bantuan Séjén keur Kulawarga
    Éling!—2018
Tingali Ogé
Saha Nu Ngalampahkeun Kahoyong Yéhuwa Kiwari?
jl pal. 10

PALAJARAN 10

Naon Ibadah Kulawarga téh?

Hiji kulawarga keur ibadah kulawarga

Korea Selatan

Salaki pamajikan keur diajar Alkitab babarengan

Brasil

Saurang Saksi Yéhuwa keur diajar Alkitab

Australia

Hiji kulawarga keur ngabahas hiji topik Alkitab

Guinea

Ti baheula, Yéhuwa hoyong unggal kulawarga ngumpul pikeun ngaraket ka Allah jeung ka anggota kulawarga. (Pamindo 6:6, 7) Éta sababna Saksi-Saksi Yéhuwa nyadiakeun waktu unggal minggu pikeun ibadah kulawarga. Dina kaayaan nu santai, maranéhna ngabahas hal-hal rohani nu luyu jeung kabutuhan maranéhna. Sanajan Sadérék ngan sorangan, Sadérék bisa nyadiakeun waktu pikeun ngaraket ka Allah ku cara milih topik Alkitab nu rék ditalungtik.

Ieu waktu pikeun ngaraket ka Yéhuwa. ”Allah raketan, Mantenna ge tangtu ngaraketan deui.” (Yakobus 4:8) Urang bisa leuwih wanoh ka Yéhuwa lamun diajar leuwih jero ngeunaan sipat jeung lalampahan Mantenna nu ditulis dina Firman-Na. Hiji cara nu gampang pikeun ngamimitian ibadah kulawarga nyaéta maca Alkitab babarengan ku sora nu tarik. Sadérék bisa nuturkeun jadwal mingguan pikeun Pasamoan Kagiatan jeung Kahirupan. Unggal anggota kulawarga bisa ditugaskeun maca sababaraha ayat, tuluy kabéh bisa ngabahas naon palajaranana.

Ieu waktu pikeun ngaraket ka anggota kulawarga. Salaki pamajikan, kitu ogé kolot jeung barudak, bisa beuki raket waktu diajar Alkitab babarengan. Kabéh sakuduna ngarasa bungah, tengtrem, jeung ngarep-ngarep acara ieu. Gumantung kana umur barudak, kolot bisa milih topik-topik nu cocog pikeun dibahas, misalna tina majalah Warta Hadé jeung Éling! atawa tina situs Internét jw.org. Sadérék ogé bisa ngabahas masalah nu disanghareupan ku barudak di sakola jeung cara ngaréngsékeunana. Sadérék bisa nongton acara JW Broadcasting (tv.jw.org) tuluy ngabahasna babarengan. Tangtu resep ogé lamun dina ibadah kulawarga, Sadérék latihan ngawih pikeun pasamoan jeung nyadiakeun dahareun sanggeusna.

Ibadah kulawarga unggal minggu bakal ngabantu unggal anggota kulawarga resep diajar Firman Allah. Mantenna gé bakal ngaberkahan upaya Sadérék.—Jabur 1:1-3.

  • Ku naon urang nyadiakeun waktu pikeun ibadah kulawarga?

  • Kumaha carana supaya acara ieu dipikaresep ku kabéh anggota kulawarga?

PÉK DIAJAR LEUWIH LOBA

Pék tatanya ka nu séjén di sidang kumaha maranéhna ngayakeun ibadah kulawarga. Salian ti éta, pék tingali publikasi naon waé nu aya di Balé Karajaan nu bisa dipaké keur ngajar budak ngeunaan Yéhuwa.

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun