PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • T-30 kaca 1-4
  • Kumaha Pandangan Sadérék ngeunaan Alkitab?

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Kumaha Pandangan Sadérék ngeunaan Alkitab?
  • Kumaha Pandangan Sadérék Ngeunaan Alkitab?
  • Bahan nu Sarupa
  • Kumaha Engkéna Dunya Ieu?
    Kumaha Engkéna Dunya Ieu?
  • Naha Urang Bakal Panggih Deui jeung Nu Geus Maot?
    Naha Urang Bakal Panggih Deui jeung Nu Geus Maot?
  • Kumaha Carana Gusti Ngaréngsékeun Masalah di Dunya?
    Kumaha Carana Gusti Ngaréngsékeun Masalah di Dunya
  • Naha Kasangsaraan téh Bakal Aya Ahirna?
    Naha Kasangsaraan téh Bakal Aya Ahirna?
Tingali Ogé
Kumaha Pandangan Sadérék Ngeunaan Alkitab?
T-30 kaca 1-4

Kumaha Pandangan Sadérék ngeunaan Alkitab?

Ceuk Sadérék, naha . . .

  • éta téh kitabna urang Kristen?

  • eusina geus dirobah?

  • éta Firman ti Gusti?

JAWABAN ALKITAB

”Eusi Kitab Suci, sagemblengna wahyu ti Allah.”​—2 Timoteus 3:16, Kitab Suci Nganggo Basa Sunda Sadidinten.

MANGPAATNA KEUR SADÉRÉK

Bisa meunangkeun jawaban tina pananya-pananya saperti: Naha urang diperhatikeun ku Gusti? Kumaha carana urang bisa bagja? jeung sajabana.​—Siloka 2:1-5.

Bisa meunangkeun bingbingan keur kahirupan sapopoé.​—Jabur 119:105.

Bisa boga harepan nu pasti.​—Rum 15:4.

Saurang lalaki jeung awéwé keur maca Alkitab; hiji kulawarga keur jalan-jalan

KU NAON JAWABAN ALKITAB BISA DIPERCAYA?

Sahenteuna aya tilu alesan:

  • Kabéh bagianana saluyu. Alkitab ditulis salila 1.600 taun ku kira-kira 40 jalma. Kalolobaanana mah teu silih kenal. Tapi, kabéh eusina saluyu sarta ngajungjung nami Allah jeung pamaréntahana-Na!

  • Nu nulisna jujur. Nu nulis sajarah dunya osok nutup-nutupan lamun bangsana éléh perang. Tapi, nu nulis Alkitab mah jujur, nulis ngeunaan kagagalan diri sorangan atawa bangsana.​—2 Babad 36:15, 16; Jabur 51:2-6.

  • Ramalanana kabukti. Kira-kira 2.000 taun katukang, Alkitab geus ngaramalkeun kaayaan dunya nu goréng ayeuna sarta kumaha sipat jalma-jalmana.​—Mateus 24:7, 8; 2 Timoteus 3:1-5.

    Loba ramalan Alkitab geus laksana, malah nepi ka hal-hal nu leutik. Tangtu éta téh bukti yén Alkitab Firman ti Gusti.​—2 Petrus 1:21.

PANANYA PIKEUN DIPIKIRKEUN

Indung, bapa, jeung barudakna

Kumaha Firman ti Gusti bisa ngabantu hirup Sadérék jadi leuwih hadé?

Jawabanana aya dina YESAYA 48:17, 18 jeung 2 TIMOTEUS 3:16, 17.

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun