PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • yc bab 1 kaca 4-5
  • Rasiah nu Ngagumbirakeun Urang

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Rasiah nu Ngagumbirakeun Urang
  • Ajar Anak Sadérék
  • Bahan nu Sarupa
  • Daptar Eusi
    Éling!—2018
  • ”Dugi Patepang Deui di Pirdaus!”
    Warta Hadé Hal Karajaan Yéhuwa (Édisi Palajaran)—2018
  • Naon Tujuan Gusti Nyiptakeun Bumi?
    Kabar Gumbira ti Gusti!
  • Saperti Kumaha Kahirupan nu Mimiti téh?
    Dangukeun Gusti Sangkan Hirup Langgeng
Ajar Anak Sadérék
yc bab 1 kaca 4-5
Malaikat-malaikat ngadéngékeun waktu Yésus ngajarkeun Karajaan Allah ka jalma-jalma

PALAJARAN 1

Rasiah nu Ngagumbirakeun Urang

Pernah teu hidep dibéré nyaho carita nu teu meunang dibéjakeun ka batur?⁠—a Lamun pernah, éta téh disebutna rasiah. Kitab Suci nyaritakeun hiji rasiah suci. Éta téh rasiah lantaran euweuh jalma nu nyahoeun. Disebut suci téh lantaran asalna ti Allah. Malahan mah malaikat-malaikat gé hayang nyahoeun rasiah éta. Hidep hayang nyaho rasiah éta?—

Ceuk hidep, malaikat-malaikat téh hayang nyaho naon?

Baheula, Allah nyiptakeun lalaki jeung awéwé nu mimiti. Ngaranna téh Adam jeung Hawa. Allah méré tempat cicing nu éndah nu disebutna taman Éden. Lamun Adam jeung Hawa nurut ka Allah, maranéhna jeung anak incuna bakal nyieun bumi ieu jadi pirdaus, siga taman Éden. Maranéhna gé bakal hirup terus, moal maot. Tapi, hidep inget teu naon nu dilakukeun ku Adam jeung Hawa?—

Adam jeung Hawa teu nurut ka Allah, matakna urang ayeuna teu hirup di pirdaus. Tapi, Allah jangji bakal nyieun bumi ieu jadi pirdaus sangkan unggal jalma bisa hirup terus jeung senang. Kumaha carana? Geus lila, ieu téh jadi rasiah, euweuh jalma nu nyahoeun.

Waktu Yésus datang ka bumi, manéh­na méré nyaho rasiah ieu ka jalma-jalma. Ieu téh rasiah Karajaan Allah. Yésus ngajar jalma-jalma ngadoakeun Karajaan Allah geura datang. Karajaan ieu bakal nyieun bumi jadi pirdaus nu éndah.

Hidep resep nyaho rasiah ieu?— Tapi ulah poho, ngan jalma-jalma nu nurut ka Yéhuwa nu bakal hirup di Pirdaus. Dina Kitab Suci, aya carita lalaki jeung awéwé nu narurut ka Yéhuwa. Hidep hayang nyonto maranéhna?— Hayu urang tingali sababaraha di antarana, jeung kumaha urang bisa nyonto maranéhna.

BACA DINA KITAB SUCI

  • Markus 4:11

  • 1 Petrus 1:12

  • Kajadian 1:26-28; 2:8, 9; 3:6, 23

  • Mateus 6:9, 10

  • Jabur 37:11, 29

a Dina unggal palajaran, aya tanda (—) tukangeun pananya. Éta hartina Sadérék perlu eureun heula macana, ­supaya anak Sadérék bisa ngajawab pananya éta.

PANANYA:

  • Naon sababna bumi téh ayeuna lain pirdaus?

  • Rasiah naon nu dicaritakeun dina Kitab Suci?

  • Naon nu diajarkeun Yésus ngeunaan ieu rasiah?

  • Kumaha carana supaya hidep bisa hirup di Pirdaus?

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun