PALAJARAN 2
Rabéka Hayang Nyenangkeun Yéhuwa
Rabéka téh awéwé nu nyaah ka Yéhuwa. Ngaran salakina téh Ishak. Manéhna gé nyaah ka Yéhuwa. Kumaha Rabéka bisa panggih jeung Ishak? Kumaha cara manéhna nyenangkeun Yéhuwa? Hayu urang tingali caritana.
Kolotna Ishak téh Ibrahim jeung Sarah. Maranéhna hirup di tanah Kanaan, nu jalma-jalmana teu nyarembah ka Yéhuwa. Ibrahim hayang anakna nikah jeung awéwé nu nyembah ka Yéhuwa. Jadi, manéhna ngirim palayanna, nu ngaranna Éliésér pikeun néangan pamajikan keur Ishak di tanah Haran, tempat cicingna dulur-dulur Ibrahim.
Rabéka daékeun bolak-balik ngala cai ka sumur pikeun méré nginum onta-onta
Éliésér indit jeung palayan-palayan Ibrahim nu séjénna, nempuh jalan nu jauh. Maranéhna mawa sapuluh onta nu mawa dahareun jeung hadiah. Ti mana Éliésér nyaho awéwé mana nu bakal jadi pamajikan Ishak? Waktu maranéhna nepi di Haran, maranéhna eureun di hiji sumur, tempat jalma-jalma ngala cai. Éliésér ngadoa ka Yéhuwa, ’Lamun kuring ménta nginum ka hiji budak awéwé, terus manéhna méré nginum ka kuring jeung onta-onta, éta tandana manéhna nu dipilih ku Gusti.’
Teu lila, Rabéka datang ka éta sumur. Kitab Suci nyebutkeun yén Rabéka téh geulis pisan. Éliésér ménta nginum ka manéhna terus dijawab kieu, ’Mangga mun rék nginum mah, onta-onta gé urang béré nginum.’ Pék bayangkeun, onta-onta nu haraus pasti loba nginumna, jadi Rabéka kudu bolak-balik ka sumur pikeun méré nginum onta-onta éta. Naha bisa katingali dina gambar sakitu getolna Rabéka méré nginum onta-onta?— Éliésér bungah pisan lantaran Yéhuwa ngajawab doana.
Éliésér méré loba hadiah nu aralus ka Rabéka. Rabéka ngondang Éliésér jeung palayan-palayan séjenna ka imah bapana. Éliésér ngajelaskeun alesan manéhna datang jeung kumaha Yéhuwa ngajawab doana. Kulawarga Rabéka gumbira pisan lamun Rabéka bisa nikah jeung Ishak.
Rabéka indit ka Kanaan jeung Éliésér, terus nikah jeung Ishak
Tapi, ceuk hidep, Rabéka daékeun nikah jeung Ishak?— Rabéka nyaho Yéhuwa nu ngirim Éliésér. Jadi, waktu Rabéka ditanya ku kulawargana, daék milu indit ka Kanaan atawa henteu, manéhna ngomong kieu, ’Kuring daék milu.’ Terus Rabéka milu jeung Éliésér. Sanggeusna nepi di Kanaan, Rabéka nikah jeung Ishak.
Lantaran Rabéka ngajalankeun kahayang Yéhuwa, manéhna diberkahan ku Yéhuwa. Manéhna jadi moyangna Yésus! Lamun hidep nyonto ka Rabéka jeung nyenangkeun Yéhuwa, tangtu Yéhuwa gé bakal ngaberkahan hidep.