PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • yc bab 4 kaca 10-11
  • Manéhna Nyenangkeun Bapana sarta Yéhuwa

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Manéhna Nyenangkeun Bapana sarta Yéhuwa
  • Ajar Anak Sadérék
  • Bahan nu Sarupa
  • Jangji Yépta
    Palajaran tina Kisah-Kisah Alkitab
  • Yépta téh Priya nu Rohani
    Kagiatan jeung Kahirupan Kristen—Jurnal Pasamoan—2021
  • Tedunan Ikrar Sadérék
    Warta Hadé Hal Karajaan Yéhuwa (Édisi Palajaran)—2017
  • Nulad ka Yéhuwa—Allah anu Masihan Kategeran Haté
    Warta Hadé Hal Karajaan Yéhuwa (Édisi Palajaran)—2018
Ajar Anak Sadérék
yc bab 4 kaca 10-11
Yépta ngajar budakna ti leuleutik kénéh

PALAJARAN 4

Manéhna Nyenangkeun Bapana sarta Yéhuwa

Yépta ngadoa ka Yéhuwa waktu Israil perang ngalawan musuh-musuhna

Naon jangji Yépta ka Yéhuwa?

Yépta, balik perang, nangkeup budak awéwé nu mapagkeun manéhna

Sanajan teu gampang, tapi budakna Yépta daék ngalaksanakeun jangji bapana

Saha budak awéwé nu aya dina gambar?​— Manéhna téh budakna Yépta. Kitab Suci teu méré nyaho ngaranna, tapi urang dibéré nyaho yén manéhna nyenangkeun bapana sarta Yéhuwa. Hayu urang baca carita ngeunaan manéhna ­jeung Yépta, bapana.

Yépta téh jalma nu bageur. Manéhna sering ngajar budakna ngeunaan Yéhuwa. Manéhna ogé lalaki nu kuat jeung pamingpin nu hébat. Jadi, urang Israil ménta ka manéhna supaya mingpin perang ngalawan musuh-musuhna.

Yépta ngadoa ka Allah ménta bantuan supaya manéhna meunang. Yépta jangji lamun meunang perang, jalma nu pangheulana kaluar ti imah waktu manéhna balik bakal dibaktikeun ka Yéhuwa. Jalma éta bakal cicing jeung digawé di kémah suci Allah saumur hirupna. Kémah suci téh tempat ibadah ka Allah. Ahirna, Yépta ngéléhkeun musuh-musuhna dina perang! Hidep nyaho saha nu pangheulana kaluar waktu Yépta balik ka imahna?​—

Éta téh budak awéwé Yépta, budak nu ngan hiji-hijina. Ayeuna Yépta kudu iklas papisah jeung budakna. Yépta pasti sedih pisan. Tapi, manéhna geus jangji ka Yéhuwa. Budakna ogé ngomong, ’Bapa geus jangji ka Yéhuwa, kudu dilaksana­keun.’

Budakna Yépta ngumpulkeun suluh keur kémah suci; babaturanana datang ngalongok manéhna

Unggal taun, budakna Yépta dilongok ku babaturanana

Budakna Yépta gé pasti sedih. Di ké­mah suci manéhna teu bisa nikah jeung boga anak. Tapi, manéhna hayang pisan ngabantu bapana ngalaksanakeun jangjina. Manéhna ogé hayang nyenangkeun Yéhuwa. Keur manéhna, éta téh leuwih penting ti batan nikah jeung boga anak. Jadi, manéhna indit ti imah terus cicing di kémah suci saumur hirupna.

Ceuk hidep, budakna Yépta nyenangkeun bapana sarta Yéhuwa teu?​— Tangtu! Lamun hidep ogé nurut jeung nyaah ka Yéhuwa, hidep nyonto budakna Yépta. Hidep ogé bakal nyenangkeun indung bapa hidep jeung Yéhuwa.

BACA DINA KITAB SUCI

  • Pamindo 6:4-6

  • Hakim 11:30-40a

  • 1 Korinta 7:37, 38

a Dina tulisan Ibrani aslina, budakna Yépta cicing di kémah suci saumur hirupna, teu nikah.

PANANYA:

  • Saha Yépta téh? Naon jangji Yépta ka Yéhuwa?

  • Ku naon budakna Yépta sédih?

  • Naon nu pangpentingna keur budakna Yépta?

  • Kumaha hidep nyonto budakna Yépta?

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun