PALAJARAN 5
Samuél Tetep Jadi Budak nu Bageur
Ti leuleutik, Samuél geus cicing jeung digawé di kémah suci, tempat jalma-jalma datang pikeun ibadah ka Yéhuwa. Hidep nyaho kumaha Samuél bisa aya di kémah suci? Hayu urang baca heula carita ngeunaan Hana, indungna Samuél.
Geus lila Hana hayang pisan boga anak, tapi can boga waé. Jadi, manéhna ngadoa ménta tulung ka Yéhuwa. Manéhna jangji lamun boga anak, anakna bakal dibaktikeun pikeun cicing jeung digawé di kémah suci. Doa Hana dijawab ku Yéhuwa. Hana boga anak lalaki, terus dingaranan Samuél. Hana teu poho kana jangjina. Waktu Samuél geus umur tilu atawa opat taun, manéhna dibawa ka kémah suci pikeun ngabakti ka Yéhuwa.
Di kemah suci aya imam agung nu ngaranna Éli. Dua budakna digawé jadi imam di dinya. Kémah suci téh témpat ibadah ka Yéhuwa. Jadi, jalma-jalma nu aya di dinya sakuduna mah balageur. Tapi, budakna Éli jarahat. Samuél ningali kalakuan maranéhna. Samuél tuturutan teu?— Henteu, Samuél tetep jadi budak nu bageur, saperti nu diajarkeun ku indung bapana.
Ceuk hidep, naon nu sakuduna dilakukeun ku Éli ka dua budakna?— Éli sakuduna ngahukum jeung ngalarang maranéhna gawé di kémah suci. Tapi ku Éli kalah ka diantepkeun. Jadi Yéhuwa ambek ka Éli jeung ka budakna. Yéhuwa rék ngahukum maranéhna.
Samuél nepikeun béja ti Yéhuwa ka Éli
Hiji peuting, waktu keur saré, Samuél ngadéngé aya nu ngageroan, ’Samuél!’ Tuluy Samuél nyampeurkeun Éli. Tapi Éli ngomong, ’Henteu, bapa teu ngageroan.’ Éta kajadian nepi ka dua kali. Terus katilu kalina, Éli méré nyaho Samuél, lamun dicalukan deui Samuél kudu némbalan, ’Yéhuwa, mangga nyarios, abdi badé ngupingkeun.’ Kitu nu dilakukeun ku Samuél. Terus Yéhuwa ngomong ka Samuél, ’Béjakeun ka Éli, Kami rék ngahukum kulawargana ku sabab kalakuan goréng maranéhna.’ Ceuk hidep, gampang teu nepikeun éta béja ka Éli?— Pasti hésé. Sanajan rada sieun, Samuél tetep ngajalankeun paréntah Yéhuwa. Kabéh nu diomongkeun ku Yéhuwa bener kajadian. Éli jeung dua budakna maraot.
Samuél téh conto nu alus pikeun urang. Manéhna tetep jadi budak nu bageur, sanajan jalma-jalma séjénna jarahat. Mun hidep kumaha? Hidep hayang teu jadi budak nu bageur jiga Samuél? Lamun hidep nyonto Samuél, hidep bakal nyenangkeun Yéhuwa jeung indung bapa hidep.