PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • yc bab 14 kaca 30-31
  • Karajaan nu Bakal Maréntah Bumi

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Karajaan nu Bakal Maréntah Bumi
  • Ajar Anak Sadérék
  • Bahan nu Sarupa
  • ”Dugi Patepang Deui di Pirdaus!”
    Warta Hadé Hal Karajaan Yéhuwa (Édisi Palajaran)—2018
  • Sobat-sobat Allah Bakal Hirup Di Pirdus
    Sadérék Tiasa Janten Sobat Allah!
  • ”Manéh Bakal Bareng jeung Urang di Pirdaus”
    Warta Hadé Hal Karajaan Yéhuwa (Édisi Palajaran)—2022
  • Naon Karajaan Allah téh?
    Naon nu Diajarkeun Kitab Suci?
Tingali Ogé
Ajar Anak Sadérék
yc bab 14 kaca 30-31
Yésus Kristus téh Raja nu maréntah sakabéh jalma di bumi Pirdaus

PALAJARAN 14

Karajaan nu Bakal Maréntah Bumi

Ayeuna, hayu urang diajar ngeunaan hiji Karajaan. Hidep nyaho Karajaan naon éta téh?​— Enya, éta téh Karajaan Allah. Éta Karajaan bakal ngarobah bumi jadi pirdaus. ­Hidep hayang diajar ngeunaan éta Karajaan?​—

Unggal karajaan dipingpin ku hiji raja. Éta raja maréntah sakabéh jalma di nagarana. Hidep nyaho saha Raja Karajaan Allah téh?⁠— Éta téh Yésus Kristus. Yésus hirup di sawarga. Moal lila deui, Yésus bakal jadi raja nu maréntah sakabéh jalma di bumi! Ceuk hidep, waktu Yésus jadi Raja, hirup urang bakal senang teu?​—

Naon nu bakal dilakukeun ku hidep di Pirdaus?

Urang pasti bakal senang pisan! Di Pirdaus, jalma-jalma moal paraséa atawa perang deui. Jalma-jalma bakal silih pikanyaah. Moal aya deui jalma nu gering jeung maot. Nu teu bisa ningali bakal bisa ningali. Nu teu bisa ngadéngé bakal bisa ngadéngé. Nu lumpuh bakal bisa luncat jeung lumpat. Jalma-jalma bakal boga loba dahareun. Kabéh sasatoan bakal ­hirup rukun babarengan, ogé moal nyilakakeun urang deui. Jalma-jalma nu geus maot bakal dihirupkeun deui. Hidep inget teu ka Rabéka, Rahab, Daud, jeung Élias? Maranéhna gé bakal hirup deui! Hidep hayang panggih jeung maranéhna?​—

Yéhuwa nyaah pisan ka hidep. Yéhuwa hayang hidep senang hirupna. Lamun hidep diajar ngeunaan Yéhuwa jeung nurut ka Yéhuwa, hidep bakal bisa hirup langgeng di pirdaus nu éndah! Hidep hayang hirup di dinya?​—

BACA DINA KITAB SUCI

  • Yesaya 2:4; 11:6-9; 25:8; 33:24; 35:5, 6

  • Yohanes 5:28, 29; 17:3

PANANYA:

  • Saha Raja Karajaan Allah téh?

  • Yésus bakal maréntah saha?

  • Bakal kumaha kaayaan bumi waktu diparéntah ku Yésus?

  • Naon nu kudu dilakukeun ku hidep lamun hayang hirup langgeng di Pirdaus?

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun