PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • gf pal. 5 kaca 8-9
  • Sobat-sobat Allah Bakal Hirup Di Pirdus

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Sobat-sobat Allah Bakal Hirup Di Pirdus
  • Sadérék Tiasa Janten Sobat Allah!
  • Bahan nu Sarupa
  • ”Dugi Patepang Deui di Pirdaus!”
    Warta Hadé Hal Karajaan Yéhuwa (Édisi Palajaran)—2018
  • Naon Tujuan Gusti Nyiptakeun Bumi?
    Kabar Gumbira ti Gusti!
Sadérék Tiasa Janten Sobat Allah!
gf pal. 5 kaca 8-9

PALAJARAN 5

Sobat-sobat Allah Bakal Hirup Di Pirdus

Pirdus moal sami sareng dunya tempat matuh urang ayeuna. Allah henteu pernah miharep bumi pinuh ku masalah, kasedih, kapeurih, sarta kasangsaraan. Dina mangsa pikahareupeun, Allah bakal ngarobih bumi janten pirdus. Siga kumaha Pirdus téh? Mangga urang perhatoskeun naon anu dijelaskeun dina Alkitab:

Jalma-jalma keur piknik di Pirdaus

Jalma-jalma nu balageur. Pirdus bakal jadi pamatuhan pikeun sobat-sobat Allah. Maranéhna bakal silih asah, silih asih, silih asuh. Maranéhna bakal hirup luyu sareng jalan-jalan Allah anu bener.​—Siloka 2:21.

Kadaharan nu limpah. Di Pirdus, moal aya deui kalaparan. Alkitab nyebutkeun, ”Nagri pinuh ku gandum [atawa, kadaharan].”​—Jabur 72:16.

Di Pirdaus, aya nu ngabangun imah, nu keur ngumpulkeun dahareun, jeung aya ogé indung anu keur nangkeup budak awéwéna

Imah nu alus sarta pagawéan nu nyugemakeun. Di bumi Pirdus, unggal kulawarga bakal boga imah séwang-séwangan. Unggal jalma bakal migawé pagawéan nu mawa kabagjaan sajati.​—Yesaya 65:21-23.

Sakuliah dunya répéh-rapih. Jalma-jalma moal perang deui sarta tiwas dina perang. Pirman Allah nyebutkeun yén Allah ”ngeureunkeun peperangan.”​—Jabur 46:9, 10.

Walagri. Alkitab jangji, ”Anu maratuh di tanah urang [Pirdus] moal aya anu udah-aduh ku panyakit.” (Yesaya 33:24) Kitu ogé, moal aya deui jalma nu lumpuh, nu lolong, nu torék, atawa nu pireu.​—Yesaya 35:5, 6.

Teu aya deui kasangsaraan, kasedih, sarta pati. Pirman Allah jangji, ”Paeh, kasedih, piceurikeun, kanyeri, moal aya-aya deui. Sakur nu heubeul geus sirna.”​—Wahyu 21:4.

Nu jarahat geus musna. Yéhuwa jangji, ”Nu daroraka . . . baris didudut [ditumpes], nu jarahat baris dicabut ti dinya, lir tangkal anu dirabut jeung akar-akarna.”​—Siloka 2:22.

Jalma-jalma bakal silih pikanyaah sarta silih hormat. Teu aya deui kateuadilan, katelengesan, kasarakahan, sarta kaceuceub. Jalma-jalma bakal satunggal sarta hirup luyu sareng jalan-jalan Allah anu bener.​—Yesaya 26:9.

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun