PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • hf bag. 8 kaca 26-28
  • Lamun Aya Musibah dina Kulawarga

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Lamun Aya Musibah dina Kulawarga
  • Kulawarga Sadérék Bisa Bagja
  • Subjudul
  • Bahan nu Sarupa
  • 1 ANDELKEUN YÉHUWA
  • 2 PERHATIKEUN DIRI SORANGAN JEUNG KULAWARGA
  • 3 TARIMA BANTUAN NU DIBUTUHKEUN
  • Pananya ti nu Maca
    Warta Hadé Hal Karajaan Yéhuwa (Édisi Palajaran)—2017
  • Yéhuwa Ngajaga Umat-Na
    Warta Hadé Hal Karajaan Yéhuwa (Édisi Palajaran)—2022
  • Urang Hayang Paéh—Kumaha Alkitab Bisa Ngabantu Urang Miceun Kahayang Bunuh Diri?
    Pananya nu Dijawab Alkitab
  • Yéhuwa Sumber Panglipur dina Sagala Kasusah
    Warta Hadé Hal Karajaan Yéhuwa (Édisi Palajaran)—2017
Tingali Ogé
Kulawarga Sadérék Bisa Bagja
hf bag. 8 kaca 26-28
Salaki jeung pamajikan sedih lantaran kaleungitan budakna

BAGIAN 8

Lamun Aya Musibah dina Kulawarga

”Aranjeun kudu bungah ku hal ieu, sanajan ayeuna keur susah jeung prihatin ku rupa-rupa cocoba.”​—1 Petrus 1:6

Sanajan Sadérék ngupayakeun sangkan perkawinan jeung kulawarga tetep bagja, bisa jadi aya hal nu teu disangka-sangka nu bisa ngaruksak kabagjaan Sadérék. (Pandita 9:11) Yéhuwa nyadiakeun bantuan sangkan urang bisa nyanghareupan masalah. Lamun Sadérék nerapkeun prinsip-prinsip tina Kitab Suci, Sadérék jeung kulawarga bakal bisa nyanghareupan masalah, malahan mah dina kaayaan nu pangsusahna.

1 ANDELKEUN YÉHUWA

PITUDUH KITAB SUCI: ”Sagala kasusah unjukkeun ka Mantenna, sabab Mantenna anu ngurus aranjeun.” (1 Petrus 5:7) Perlu diinget yén kasusahan Sadérék téh lain ti Yéhuwa. (Yakobus 1:13) Mantenna méré jalan kaluar nu panghadéna lamun Sadérék ngaraket ka Mantenna. (Yesaya 41:10) ”Wakcakeun [caritakeun] sakabeh kasusah ka Mantenna.”​—Jabur 62:9.

Maca jeung diajar Kitab Suci bisa nengtremkeun haté Sadérék. Hasilna, Sadérék bakal ngarasakeun kumaha ”ditegerkeun ku Mantenna”. (2 Korinta 1:3, 4; Rum 15:4) Yéhuwa jangji bakal méré ’katengtreman jeung karahayuan nu moal kahontal ku akal’.​—Pilipi 4:6, 7, 13.

Hiji lalaki nu keur dirawat di rumah sakit ngadoa jeung kulawargana

CARA NERAPKEUN:

  • Ngadoa ménta bantuan Yéhuwa supaya tetep tenang jeung boga pamikiran nu asup akal

  • Pariksa deui piliheun jalan kaluar nu aya. Pilih nu panghadéna pikeun Sadérék

2 PERHATIKEUN DIRI SORANGAN JEUNG KULAWARGA

PITUDUH KITAB SUCI: ”Jelema pinter mah kana nyiar elmu teh mani nyongsrong tur junun.” (Siloka 18:15) Kumpulkeun informasi nu dibutuhkeun. Tingali naon nu dibutuhkeun ku unggal anggota kulawarga Sadérék. Obrolkeun jeung maranéhna. Déngékeun maranéhna.​—Siloka 20:5

Kumaha lamun jalma nu dipikaasih ku Sadérék maot? Ulah éra némbongkeun kasedih Sadérék, da Yésus gé pernah ”nangis”. (Yohanes 11:35; Pandita 3:4) Ngaso jeung cukup saré gé penting. (Markus 6:31) Éta bakal ngabantu Sadérék leuwih bisa nyanghareupan kaayaan nu susah.

CARA NERAPKEUN:

  • Biasakeun sering ngobrol jeung kulawarga Sadérék. Jadi lamun aya musibah, maranéhna moal asa-asa nyarita ka Sadérék

  • Tatanya ka nu pernah ngalaman kasusah nu sarua

3 TARIMA BANTUAN NU DIBUTUHKEUN

PITUDUH KITAB SUCI: ”Sobat salawasna sok nembongkeun kanyaahna. Ari dulur pikeun naon mun lain keur silih tulungan dina kasusah?” (Siloka 17:17) Babaturan Sadérék pasti hayang nulungan Sadérék. Tapi, bisa waé maranéhna teu nyaho kumaha carana. Ulah asa-asa méré nyaho naon nu dibutuhkeun ku Sadérék. (Siloka 12:25) Téangan bantuan rohani ti jalma-jalma nu paham Kitab Suci. Bingbingan maranéhna tina Kitab Suci bisa ngabantu Sadérék.​—Yakobus 5:14.

Sadérék bisa dikuatkeun lamun rutin campur gaul jeung jalma-jalma nu kuat imanna ka Yéhuwa jeung percaya kana jangji-jangji-Na. Sadérék ogé bakal kahibur waktu ngabantu jalma nu butuh panglilipur. Caritakeun ka maranéhna iman Sadérék ka Yéhuwa jeung kana jangji-jangji-Na. Sadérék perlu tetep sibuk nulungan batur nu keur kasusahan. Ulah misahkeun diri ti jalma-jalma nu nyaah jeung paduli ka Sadérék.​—Siloka 18:1; 1 Korinta 15:58.

CARA NERAPKEUN:

  • Nyarita ka sobat Sadérék sarta tarima bantuanana

  • Terus terang caritakeun naon nu dibutuhkeun ku Sadérék

PERHATIKEUN HAL-HAL NU LEUWIH PENTING

Sanajan kawalahan dina nyanghareupan masalah, Sadérék kudu tetep muntang ka Allah. Waktu digoda, Ayub ngomong kieu, ”Mugi Pajenengana-Na tetep dijungjung.” (Ayub 1:21, 22) Saperti Ayub, utamakeun kahayang Yéhuwa jeung kamulyaan nami-Na ti batan kahayang diri sorangan. Lamun aya hal-hal nu teu cocog jeung kahayang Sadérék, ulah gampang nyerah. Percayakeun ka Allah. ”Kami henteu samar kana sagala pikersaeun ka maraneh”, ceuk Yéhuwa, ”Nya eta seja nyenangkeun, lain rek nyilakakeun. Seja mere pijamugaeun ka hareup.”​—Yermia 29:11.

PIKIRKEUN . . .

  • Naha kuring percaya ka Yéhuwa, malahan mah dina hal-hal nu sapélé?

  • Naon sababna unggal poé kuring kudu nganuhunkeun ka Yéhuwa lantaran kasaéana-Na?

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun