PALAJARAN 3
Adam jeung Hawa Teu Nurut ka Allah
Hiji poé basa Hawa keur sorangan, oray nanya ka Hawa. Ceuk oray, ’Na enya manéh teu meunang ngadahar kabéh buah di ieu taman?’ Jawab Hawa, ’Kabéh buah meunang didahar, tapi aya buah nu teu meunang didahar. Mun didahar, abdi bakal paéh.’ Ceuk oray, ’Moal paéh. Mun ngadahar éta, manéh bakal siga Allah.’ Ceuk hidep, éta bener teu? Éta téh bohong! Tapi, Hawa mah percayaeun. Beuki dipelong, éta buah beuki pikabitaeun. Seug éta buah didahar, terus dibéré ka Adam. Sanajan nyaho bakal paéh mun teu nurut ka Allah, angger wé éta buah didahar ku Adam.
Sanggeus kitu, Yéhuwa ngomong ka Adam jeung Hawa. Mantenna nanya ku naon maranéhna teu nurut. Adam nyalahkeun Hawa, Hawa nyalahkeun oray. Lantaran teu nurut, maranéhna diusir ti taman. Yéhuwa nempatkeun malaikat-malaikat jeung pedang seuneu supaya maranéhna teu bisa asup deui.
Yéhuwa ngomong yén nu nipu Hawa ogé bakal dihukum. Sabenerna, lain oray nu ngomong ka Hawa téh. Yéhuwa henteu nyiptakeun oray bisa ngomong. Nu ngomong téh malaikat jahat. Éta malaikat ngagunakeun oray jang ngabobodo Hawa. Malaikat éta disebut Sétan si Iblis. Engkéna, Yéhuwa bakal maéhan Sétan supaya manéhna teu bisa nipu jalma pikeun ngalakukeun hal goréng deui.
”Ti mimiti keneh oge Iblis geus jadi tukang maehan, tara mihak ka nu bener, lantaran teu kaancikan ku sipat bener.”—Yohanes 8:44