PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • lfb pal. 4 kaca 16-kaca 17 par. 2
  • Ambek Nepi ka Maéhan

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Ambek Nepi ka Maéhan
  • Palajaran tina Kisah-Kisah Alkitab
  • Bahan nu Sarupa
  • Saha Pamajikan Kain téh?
    Pananya nu Dijawab Alkitab
Palajaran tina Kisah-Kisah Alkitab
lfb pal. 4 kaca 16-kaca 17 par. 2
Kain ambek pas Habil méré kurban ka Yéhuwa

PALAJARAN 4

Ambek Nepi ka Maéhan

Sanggeus diusir ti taman Éden, Adam jeung Hawa boga loba budak. Nu kahiji ngaranna Kain, jadi patani. Nu kadua ngaranna Habil, jadi tukang ngurus domba.

Hiji poé, Kain jeung Habil méré kurban ka Yéhuwa. Hidep apal, naon kurban téh? Kurban téh hadiah istiméwa keur Allah. Yéhuwa resep kana kurban Habil, tapi nolak kana kurban Kain. Kain jadi ambek pisan. Yéhuwa ngingetkeun lamun Kain teterusan ambek, manéhna bisa ngalakukeun hal nu goréng. Tapi, Kain teu paduli.

Malahan, Kain ngomong ka Habil, ’Hayu urang ka lapang.’ Waktu ngan keur duaan di lapang, Kain neunggeul jeung maéhan adina. Naon tindakan Yéhuwa? Yéhuwa ngahukum Kain, ngusir manéhna sina jauh ti kulawarga. Kain teu meunang balik deui.

Cain approaches Abel in a field

Naon palajaranana keur urang? Bisa jadi, urang ambek lamun kahayang urang teu kacumponan. Lamun urang beuki ambek atawa nepi ka ditegor batur, urang kudu buru-buru nahan diri saacan émosi urang teu bisa dikadalikeun deui.

Habil nyaah ka Yéhuwa jeung ngalakukeun nu hadé. Yéhuwa bakal terus inget ka manéhna. Allah bakal ngahirupkeun manéhna waktu bumi dirobah jadi pirdaus.

”Buru-buru indit menta hampura heula, geus kitu kakara balik deui neruskeun ngurban.”​—Mateus 5:24

Pananya: Saha budak Adam jeung Hawa nu kahiji jeung kadua? Ku naon Kain maéhan adina?

Kajadian 4:1-12; Ibrani 11:4; 1 Yohanes 3:11, 12

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun