PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • lfb pal. 6 kaca 20-kaca 21 par. 5
  • Dalapan Urang nu Salamet

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Dalapan Urang nu Salamet
  • Palajaran tina Kisah-Kisah Alkitab
  • Bahan nu Sarupa
  • Bahtera Nuh
    Palajaran tina Kisah-Kisah Alkitab
  • Hikmah Ti Mangsa Katukang
    Sadérék Tiasa Janten Sobat Allah!
  • Banjir Gedé—Saha nu Ngadangukeun Gusti?
    Dangukeun Gusti Sangkan Hirup Langgeng
  • Naha Enya Kisah Nuh jeung Banjir Gedé téh Saukur Dongéng?
    Pananya nu Dijawab Alkitab
Palajaran tina Kisah-Kisah Alkitab
lfb pal. 6 kaca 20-kaca 21 par. 5
Bahtera ngambang waktu hujan gedé turun

PALAJARAN 6

Dalapan Urang nu Salamet

Nuh, kulawargana, jeung sasatoan kaluar ti bahtera

Nuh, kulawargana, jeung sasatoan arasup ka jero bahtera. Sanggeus kitu, Yéhuwa nutup panto bahtera. Der hujan turun! Hujanna gedé pisan, éta bahtera nepi ka ngambang. Ahirna, sakabéh bumi katutup ku cai. Di luar bahtera, kabéh jalma nu jahat paraéh. Tapi, Nuh jeung kulawargana mah aman di jero. Pasti Nuh jeung kulawargana bungah pisan sabab geus nurut ka Yéhuwa!

Sanggeus 40 poé 40 peuting, hujan eureun. Lalaunan, cai surud. Éta bahtera nyangsang di pagunungan. Tapi, cai masih loba kénéh. Nuh jeung kulawargana can bisa kaluar.

Lila-lila, caina saat. Lamun diitung-itung mah, Nuh jeung kulawargana geus aya di jero bahtera leuwih ti sataun. Sanggeus kitu, Yéhuwa nitah maranéhna kaluar ti bahtera. Maranéhna muji sukur ka Yéhuwa sabab geus disalametkeun. Terus, maranéhna méré kurban ka Yéhuwa.

Pelangi

Yéhuwa resepeun kana kurban maranéhna. Mantenna jangji moal ngabasmi bumi ku banjir gedé deui. Sabagé tanda perjangjiana-Na, Yéhuwa mentangkeun pelangi nu pangmimitina di langit. Hidep pernah nempo pelangi?

Yéhuwa ogé nitah Nuh jeung kulawargana pikeun baroga anak jeung minuhan bumi.

”[Nuh] lebet kana kapal. Tapi jelema-jelema teh teu arengeuheun aya kajadian naon, nyaho-nyaho geus ger caah.”​—Mateus 24:38, 39

Pananya: Sanggeus Yéhuwa nutup panto bahtera, aya kajadian naon? Lamun aya pelangi, naon nu kudu diinget ku urang?

Kajadian 7:1–9:17

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun