PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • lfb pal. 5 kaca 18-kaca 19 par. 5
  • Bahtera Nuh

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Bahtera Nuh
  • Palajaran tina Kisah-Kisah Alkitab
  • Bahan nu Sarupa
  • Banjir Gedé—Saha nu Ngadangukeun Gusti?
    Dangukeun Gusti Sangkan Hirup Langgeng
  • Dalapan Urang nu Salamet
    Palajaran tina Kisah-Kisah Alkitab
  • Naha Enya Kisah Nuh jeung Banjir Gedé téh Saukur Dongéng?
    Pananya nu Dijawab Alkitab
  • Bagian 5
    Dangukeun Gusti
Tingali Ogé
Palajaran tina Kisah-Kisah Alkitab
lfb pal. 5 kaca 18-kaca 19 par. 5
Nuh jeung kulawargana ngawangun bahtera

PALAJARAN 5

Bahtera Nuh

Hiji waktu, manusa beuki loba di bumi. Tapi, lolobana mah jarahat. Di sawarga ogé, aya malaikat-malaikat nu jadi jahat. Para malaikat ieu ninggalkeun imahna di sawarga, terus turun ka bumi. Ceuk hidep, ku naon para malaikat ieu ngalakukeun hal éta? Maranéhna hayang ngarobah wujudna jadi manusa, terus kawin jeung awéwé-awéwé.

Sanggeus kitu, maranéhna barogaeun anak. Anak-anakna tumuwuh jadi kuat pisan jeung kejem, sarta osok nindes jalma-jalma. Tapi, Yéhuwa teu cicing waé. Allah mutuskeun rék ngabasmi jalma-jalma nu jahat ku banjir gedé.

Nuh jeung kulawargana ngawangun bahtera jeung nyiapkeun kadaharan

Tapi, aya saurang lalaki nu béda, ngaranna Nuh. Nuh mah nyaah ka Yéhuwa. Nuh boga pamajikan jeung tilu anak, nyaéta Sém, Ham, jeung Yapét. Kabéh anakna boga pamajikan. Yéhuwa nitah Nuh ngawangun bahtera supaya manéhna jeung kulawargana bisa salamet ti Banjir Gedé. Bahtera téh peti gedé tina kai jeung bisa ngambang. Yéhuwa ogé nitah Nuh ngasupkeun sasatoan ka jero bahtera.

Nuh jeung kulawargana langsung ngawangun bahtera salila kira-kira 50 taun. Bahterana diwangun sakumaha paménta Yéhuwa. Nuh ogé ngingetan jalma-jalma, bakal aya Banjir Gedé. Tapi, teu aya nu ngadéngékeun.

Ayeuna, geus waktuna maranéhna kudu asup ka jero bahtera. Hayu tingali kumaha saterusna.

”Pisumpingeunana Putra Manusa teh bakal cara keur jaman [Nuh].”​—Mateus 24:37

Pananya: Ku naon Yéhuwa rék ngadatangkeun Banjir Gedé? Nuh dititah naon ku Yéhuwa?

Kajadian 6:1-22; Mateus 24:37-41; 2 Petrus 2:5; Yudas 6

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun