PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • lfb pal. 7 kaca 24-kaca 25 par. 1
  • Munara Babul

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Munara Babul
  • Palajaran tina Kisah-Kisah Alkitab
  • Bahan nu Sarupa
  • Bahtera Nuh
    Palajaran tina Kisah-Kisah Alkitab
Palajaran tina Kisah-Kisah Alkitab
lfb pal. 7 kaca 24-kaca 25 par. 1
Yéhuwa nyieun jalma-jalma ngomong rupa-rupa basa, maranéhna jadi teu bisa neruskeun ngawangun Munara Babul deui

PALAJARAN 7

Munara Babul

Sanggeus Banjir Gedé, barudak jeung minantu-minantu Nuh boga loba anak. Turunanana beuki loba sarta malalencar ka sakuliah bumi, luyu jeung paréntah Yéhuwa.

Tapi, sababaraha kulawarga teu nurut ka Yéhuwa. Maranéhna ngomong, ’Hayu urang nyieun hiji kota supaya teu papencar. Urang nyieun munara anu puncakna nepi ka langit. Engké urang bakal kamashur.’

Yéhuwa teu resep kana hal éta, jadi Mantenna ngagagalkeun rencana maranéhna. Hidep apal, kumaha carana? Yéhuwa nyieun jalma-jalma ngomong béda-béda basa. Jadi, maranéhna silih teu ngarti. Maranéhna teu bisa neruskeun ngawangun éta kota deui. Kotana disebut Babul, hartina ”Kacow”. Jalma-jalma jadi malalencar ka sakuliah bumi. Tapi, angger wé maranéhna ngalakukeun hal-hal nu goréng. Naha aya nu nyaah kénéh ka Yéhuwa? Urang bakal ningali di palajaran saterusna.

”Saha-saha anu ngagulkeun diri sorangan bakal dikahandapkeun, saha-saha anu ngahandapkeun diri sorangan bakal dijungjung.”​—Lukas 18:14

Pananya: Naon nu dilakukeun ku urang Babul? Kumaha Yéhuwa ngagagalkeun rencana maranéhna?

Kajadian 11:1-9

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun