PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • lfb pal. 10 kaca 30
  • Sing Inget Pamajikan Elut!

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Sing Inget Pamajikan Elut!
  • Palajaran tina Kisah-Kisah Alkitab
  • Bahan nu Sarupa
  • Bantu Batur nu Keur Strés
    Warta Hadé Hal Karajaan Yéhuwa (Édisi Palajaran)—2019
  • Ingat Istri Lot
    Kagiatan jeung Kahirupan Kristen—Jurnal Pasamoan—2018
Palajaran tina Kisah-Kisah Alkitab
lfb pal. 10 kaca 30
Pamajikan Elut jadi tihang uyah waktu Elut jeung barudak awéwéna kaluar ti Sadumu

PALAJARAN 10

Inget Pamajikan Elut!

Ibrahim tinggal di tanah Kanaan jeung alona, Elut. Lila-lila, sato maranéhna beuki ngalobaan. Wilayahna teu mahi deui. Jadi, Ibrahim ngomong ka Elut, ’Mending urang misah. Pék pilih. Mun hidep ngénca, Emang ngatuhu, mun hidep ngatuhu, Emang ngénca.’ Ibrahim teu mentingkeun diri sorangan.

Elut ningali hiji tempat éndah di deukeut kota Sadumu. Di ditu, caina loba jeung tanahna subur. Jadi, Elut milih éta tempat, bral manéhna pindah ka ditu jeung kulawargana.

Jalma-jalma di Sadumu téh jahat pisan. Kitu ogé di Gomora, kota di deukeutna. Jadi, Yéhuwa rék ngabasmi kota-kota éta. Tapi, Allah hayang nyalametkeun Elut jeung kulawargana. Allah ngirim dua malaikat jang ngingetan maranéhna, ’Gancang ka luar kota! Yéhuwa bakal ngabasmi ieu kota!’

Tapi, Elut boyot pisan. Manéhna teu buru-buru indit. Jadi, malaikat-malaikat ngabetot leungeun Elut, pamajikanana, sarta dua budak awéwéna kaluar ti éta kota, terus ngomong, ’Gancang lumpat! Ulah ngalieuk ka tukang! Mun ngalieuk, manéh bakal paéh!’

Hujan seuneu jeung walirang di kota Sadumu jeung Gomora

Waktu maranéhna geus nepi di kota Soar, Yéhuwa nurunkeun hujan seuneu jeung walirang ka kota Sadumu jeung Gomora. Dua kota éta ancur lebur, béak euweuh sésa. Tapi hanjakal, pamajikan Elut teu nurut ka Yéhuwa. Manéhna ngalieuk ka tukang, jleg jadi tihang uyah! Elut jeung barudakna mah salamet sabab nurut ka Yéhuwa. Pasti maranéhna sedih sabab pamajikan Elut teu nurut. Jadi, nurut ka Yéhuwa téh penting pisan.

”Sing inget, kumaha jadina pamajikan Elut!”​—Lukas 17:32

Pananya: Ku naon Yéhuwa ngabasmi Sadumu jeung Gomora? Ku naon pamajikan Elut jadi tihang uyah?

Kajadian 13:1-13; 19:1-26; Lukas 17:28, 29, 32; 2 Petrus 2:6-9

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun