PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • lfb pal. 11 kaca 32-kaca 33 par. 2
  • Iman nu Diuji

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Iman nu Diuji
  • Palajaran tina Kisah-Kisah Alkitab
  • Bahan nu Sarupa
  • Ibrahim jeung Sarah Nurut ka Allah
    Palajaran tina Kisah-Kisah Alkitab
  • Na Sadérék Ngadagoan ’Kota dina Pademén anu Kaayaanana Tetep’?
    Warta Hadé Hal Karajaan Yéhuwa (Édisi Palajaran)—2020
Palajaran tina Kisah-Kisah Alkitab
lfb pal. 11 kaca 32-kaca 33 par. 2
Ibrahim jeung Ishak indit ka Moria

PALAJARAN 11

Iman nu Diuji

Ibrahim ngajarkeun Ishak supaya nyaah ka Yéhuwa sarta percaya kana jangji-jangji-Na. Waktu Ishak kira-kira umur 25 taun, Yéhuwa ménta Ibrahim ngalakukeun hiji hal nu hésé pisan. Naon éta téh?

Allah nitah Ibrahim, ’Kurbankeun anak manéh nu ngan hiji-hijina di gunung, di tanah Moria.’ Ibrahim teu ngartieun ku naon Yéhuwa nitah kitu, tapi manéhna nurut.

Isukna isuk-isuk pisan, Ibrahim mawa Ishak jeung dua palayan indit ka tanah Moria. Sanggeus tilu poé, kakara éta pagunungan téh katingali ti kajauhan. Palayan-palayanna dititah ngadagoan waktu maranéhna indit méré kurban. Ishak dititah manggul suluh nu rék dipaké ngaduruk kurban, ari Ibrahim mawa péso. Terus, Ishak nanya, ’Pa, mana domba nu rék dikurbankeun téh?’ Ibrahim ngajawab, ’Engké disadiakeun ku Yéhuwa.’

Waktu geus nepi di gunung, maranéhna nyieun altar. Geus kitu, leungeun jeung suku Ishak ditalian, terus Ishak digolérkeun dina altar.

Ishak ditalian dina altar sarta Ibrahim nyekel péso

Geus kitu, Ibrahim nyokot péso. Harita kénéh, malaikat Yéhuwa ngomong ti sawarga, ’Ibrahim, ulah maéhan éta budak! Ayeuna urang nyaho manéh boga iman ka Allah, manéh réla ngurbankeun budak hiji-hijina.’ Terus jol aya domba jalu, tandukna nyangsang dina areuy-areuyan. Ibrahim langsung ngaleupaskeun Ishak, terus ngurbankeun éta domba.

Ti saprak éta, Yéhuwa nyebut Ibrahim sabagé sobat-Na. Hidep apal ku naon? Sabab sanajan teu ngarti, Ibrahim ngalakukeun naon waé paménta Yéhuwa.

Ibrahim ngaleupaskeun Ishak

Yéhuwa nyebutkeun jangji-Na deui ka Ibrahim, ’Urang bakal ngaberkahan manéh sarta nyieun turunan manéh jadi loba pisan.’ Hartina, Yéhuwa bakal ngaberkahan kabéh jalma nu hadé ku jalan turunan Ibrahim.

”Kacida mikaasihna Allah ka alam dunya, nepi ka masihkeun Putra tunggal-Na, supaya sakur anu percaya ka Anjeunna ulah binasa, tapi meunang hirup langgeng.”​—Yohanes 3:16

Pananya: Naon buktina Ibrahim percaya ka Yéhuwa? Naon jangji Yéhuwa ka Ibrahim?

Kajadian 22:1-18; Ibrani 11:17-19; Yakobus 2:21-23

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun