PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • lfb pal. 23 kaca 60-kaca 61 par. 4
  • Jangji ka Yéhuwa

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Jangji ka Yéhuwa
  • Palajaran tina Kisah-Kisah Alkitab
  • Bahan nu Sarupa
  • Jangji nu Dilanggar
    Palajaran tina Kisah-Kisah Alkitab
  • Hurung Tapi Teu Kahuru
    Palajaran tina Kisah-Kisah Alkitab
  • Naha Sadérék Terus Gumantung ka Yéhuwa?
    Warta Hadé Hal Karajaan Yéhuwa (Édisi Palajaran)—2018
Palajaran tina Kisah-Kisah Alkitab
lfb pal. 23 kaca 60-kaca 61 par. 4
Bangsa Israil keur narangtung di suku Gunung Sinai

PALAJARAN 23

Jangji ka Yéhuwa

Kira-kira dua bulan sanggeus kaluar ti Mesir, bangsa Israil nepi di Gunung Sinai, terus marasang kémah. Musa naék ka luhur. Yéhuwa ngomong ka Musa, ’Urang geus nyalametkeun Israil. Lamun nurut kana paréntah Urang, bangsa Israil bakal jadi bangsa nu istiméwa.’ Musa turun jeung nepikeun nu diomongkeun ku Yéhuwa. Naon jawaban maranéhna? Jawabna, ’Sagala paréntah Yéhuwa bakal dijalankeun.’

Musa naék deui ka gunung. Yéhuwa ngomong, ’Tilu poé deui, Urang datang, rék ngomong. Omat-omatkeun ulah aya nu naék ka luhur.’ Musa turun sarta nitah bangsa Israil siap-siap ngadéngékeun Yéhuwa.

Bangsa Israil ningali aya kilat jeung méga kandel ngabelegbeg di luhureun Gunung Sinai

Poé katilu, aya kilat ngajorélat sarta méga nu kandel ngageblég. Terus, aya sora guntur ngageleger jeung sora tarompét tarik pisan. Di luhureun gunung, Yéhuwa datang dina seuneu hurung. Urang Israil ngagaleter sarieuneun. Éta gunung oyag mani hébat sarta kabulen ku haseup. Sora tarompétna beuki tarik. Terus Allah ngomong, ’Urang téh Yéhuwa. Ulah nyembah aallahan séjén.’

Musa naék deui ka gunung. Terus, Yéhuwa masihan hukum-hukum ngeunaan ibadah ka Mantenna sarta kumaha sakuduna kalakuan maranéhna. Musa nuliskeun hukum-hukum éta. Sanggeus éta hukum dibacakeun, bangsa Israil ngomong, ’Sagala paréntah Yéhuwa bakal dilaksanakeun.’ Ieu téh jangji maranéhna ka Allah. Ceuk hidep, éta jangji bakal dicumponan teu?

”Masing nyaah ka Pangeran Allah maneh terus jeung hate, terus jeung nyawa, sarta terus jeung budi akal.”​—Mateus 22:37

Pananya: Aya kajadian naon di Gunung Sinai? Naon jangji bangsa Israil ka Yéhuwa?

Budalan 19:1–20:21; 24:1-8; Pamindo 7:6-9; Nehemia 9:13, 14

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun