PALAJARAN 24
Jangji nu Dilanggar
Yéhuwa nitah Musa, ’Naék ka puncak. Urang rék nuliskeun hukum-hukum dina papan batu, terus méré éta ka manéh.’ Musa naék, cicing di dinya 40 poé 40 peuting. Yéhuwa nuliskeun Sapuluh Paréntah dina dua papan batu, terus masihkeun éta ka Musa.
Tapi, urang Israil nyangka Musa geus ninggalkeun maranéhna. Maranéhna ngomong ka Harun, ’Pangnyieunkeun hiji allah nu bisa mingpin urang!’ Harun ngajawab, ’Sok kumpulkeun emas!’ Ku Harun emasna dilebur jeung dicitak jadi sasapian emas. Urang Israil ngomong, ’Tah ieu Allah urang, anu ngaluarkeun urang ti Mesir!’ Maranéhna nyembah éta sasapian, terus ngayakeun pésta. Ceuk hidep, kumaha kalakuan maranéhna? Éta téh salah. Maranéhna geus jangji rék nyembah Yéhuwa wungkul. Tapi, jangjina dilanggar.
Yéhuwa ningali éta kabéh, terus nitah ka Musa, ’Geuwat turun! Jalma-jalma geus hianat ka Urang, kalah ka nyarembah ka allah palsu.’ Buru-buru Musa turun bari mawa dua papan batu.
Sanggeus Musa aya di deukeut kémah, breng jalma-jalma keur nyaranyi. Maranéhna keur ngarigel sarta sarujud ka sasapian. Musa ngamuk pisan. Dua papan batu dibantingkeun nepi ka beulah. Musa langsung ngancurkeun éta sasapian. Terus Musa nanya ka Harun, ’Akang téh dikumahakeun ku jalma-jalma, nepi ka sakieu dorakana?’ Harun ngajawab, ’Tong ambek. Pan manéh apal kumaha jalma-jalma ieu. Maranéhna hayang aallahan, seug ku Akang dilebur emas-emasna dina seuneu, nya jadi sasapian éta.’ Kuduna Harun teu ngalakukeun éta. Musa naék deui ka gunung, ménta hampura demi jalma-jalma éta.
Yéhuwa ngahampura saha waé nu daék nurut ka Mantenna. Geus sakuduna bangsa Israil téh nurut ka Yéhuwa jeung Musa, jalma nu dipilih ku Mantenna.
”Jadi lamun boga kaul ka Allah geuwat laksanakeun, sabab Mantenna teu resepeun ka jelema anu gejul. Nu matak ari geus jangji kudu bukti.”—Pandita 5:4