PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • lfb pal. 54 kaca 130-kaca 131 par. 1
  • Yéhuwa Sabar ka Yunus

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Yéhuwa Sabar ka Yunus
  • Palajaran tina Kisah-Kisah Alkitab
  • Bahan nu Sarupa
  • Topik-Topik Utama Yunus
    Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
Palajaran tina Kisah-Kisah Alkitab
lfb pal. 54 kaca 130-kaca 131 par. 1
Pas Yunus tilelep di laut, hiji lauk gedé nyampeurkeun

PALAJARAN 54

Yéhuwa Sabar ka Yunus

Di Asur, aya hiji kota nu disebut Ninéwé. Jalma-jalmana mani jarahat. Yéhuwa nitah Nabi Yunus indit ka Ninéwé jang ngingetan maranéhna supaya tobat. Tapi, Yunus kalah ka indit ka tempat séjén. Manéhna numpak kapal laut nu balayarna ka Tarsyis, di Sepanyol.

Pas di tengah laut, aya topan nu kacida gedéna. Jalma-jalma nu digawé di kapal geumpeur. Maranéhna ngadoa ka déwa masing-masing, ’Ku naon ieu kajadian?’ Ahirna Yunus ngaku, ’Urang nu salah. Urang teu ngajalankeun tugas ti Yéhuwa. Alungkeun urang ka laut, engké topanna bakal eureun.’ Maranéhna embungeun, tapi Yunus maksa. Pas maranéhna ngalungkeun Yunus ka laut, rep éta topan eureun.

Yunus nyangka manéhna bakal paéh. Pas tilelep beuki jero, Yunus ngadoa ka Yéhuwa. Jadi, Yéhuwa ngirim hiji lauk gedé. Yunus dilegleg ku éta lauk, tapi teu paéh. Di jero beuteung éta lauk, Yunus ngadoa, ’Abdi jangji bakal terus nurut.’ Yéhuwa nyalindungan Yunus di jero beuteung lauk salila tilu poé. Sanggeus kitu, Yunus diutahkeun ka basisir.

Yéhuwa geus nyalametkeun Yunus, tapi naha éta hartina Yunus teu kudu indit ka Ninéwé? Henteu. Sakali deui, Yéhuwa nitah Yunus indit ka ditu. Ayeuna Yunus nurut. Manéhna indit jeung ngingetan jalma-jalma jahat éta, ’Dina 40 poé, Ninéwé bakal dibasmi!’ Teu disangka-sangka, urang Ninéwé ngadéngékeun jeung ngarobah kalakuanana! Raja Ninéwé nitah rahayatna, ’Ngadoa ka Allah, geura tarobat! Mugia Allah teu ngabasmi urang!’ Pas ningali jalma-jalma tarobat, Yéhuwa teu jadi ngabasmi Ninéwé.

Jonah approaches Nineveh

Yunus ambek sabab éta kota teu jadi dibasmi. Pék hidep pikirkeun: Yéhuwa sabar jeung karunya ka Yunus, tapi Yunus teu karunya ka urang Ninéwé. Yunus kaluar ti éta kota, ngiuhan di handapeun hiji tangkal labu. Basa tangkal éta layu, Yunus ambek. Yéhuwa ngomong, ’Manéh leuwih karunya ka éta tangkal ti batan ka urang Ninéwé. Urang mah karunya ka Ninéwé, ku kituna maranéhna teu jadi dibasmi.’ Naon palajaranana? Urang Ninéwé jauh leuwih hargaan ti batan tangkal mana waé.

”Pangeran . . . teh nyabaran ka aranjeun, da kahoyong-Na manusa teh tarobat kabeh tina dosana, sabab Mantenna henteu hoyong aya jelema anu cilaka saurang-urang acan.”​—2 Petrus 3:9

Pananya: Naon nu diajarkeun Yéhuwa ka Yunus? Urang diajar naon ti pangalaman Yunus?

Yunus 1:1–4:11

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun