PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • lfb pal. 55 kaca 132
  • Malaikat Yéhuwa Nyalindungan Hiskia

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Malaikat Yéhuwa Nyalindungan Hiskia
  • Palajaran tina Kisah-Kisah Alkitab
  • Bahan nu Sarupa
  • Hiskia Diberkahan Lantaran Boga Iman
    Kagiatan jeung Kahirupan Kristen—Jurnal Pasamoan—2017
Palajaran tina Kisah-Kisah Alkitab
lfb pal. 55 kaca 132
Hiji malaikat nyerang kémah pasukan Asur

PALAJARAN 55

Malaikat Yéhuwa Nyalindungan Hiskia

Karajaan Asur geus nalukkeun karajaan Israil sapuluh kaom. Ayeuna raja Asur, nyaéta Sanhérib, hayang nalukkeun karajaan Yuda dua kaom. Manéhna nalukkeun kota di Yuda hiji-hiji. Tapi, nu paling diincer mah Yérusalém. Sanhérib teu nyahoeun yén Yéhuwa nyalindungan Yérusalém.

Hiskia raja Yuda méré loba duit ka Sanhérib supaya teu ngaganggu Yérusalém. Duitna dicokot, tapi Sanhérib tetep ngirim pasukan perangna nu hébat jang nyerang Yérusalém. Rahayat di kota sarieuneun lantaran pasukan Asur beuki ngadeukeutan. Tapi Hiskia ngomong, ’Ulah sieun. Urang Asur kuat, tapi Yéhuwa bakal nyieun urang leuwih kuat ti batan maranéhna.’

Sanhérib ngirim utusan Asur nu biasa disebut Rabsyaké, pikeun moyokan rahayat Yérusalém. Éta Rabsyaké nangtung di deukeut témbok kota bari ngagero, ’Yéhuwa moal bisa nulungan manéh! Tong daék dibobodo ku Hiskia! Euweuh allah nu bisa nyalametkeun manéh ti urang.’

Hiskia ménta bingbingan ti Yéhuwa. Yéhuwa ngajawab, ’Ulah sieun ku ancaman Rabsyaké. Sanhérib moal bisa ngarebut Yérusalém.’ Sanggeus kitu, Hiskia narima surat-surat ti Sanhérib. Eusina, ’Nyerah baé. Yéhuwa moal bisa nulungan.’ Hiskia ngadoa, ’Nun Yéhuwa, luputkeun abdi sadaya supaya sagala bangsa nyaksian, ngan Gusti hiji-hijina Allah nu bener.’ Ceuk Yéhuwa, ’Raja Asur moal asup ka Yérusalém. Urang bakal nyalindungan kota Urang.’

Sanhérib yakin bisa nalukkeun Yérusalém. Tapi peuting éta ogé, Yéhuwa ngirim hiji malaikat ka pakémahan pasukan Asur di luar kota Yérusalém. Éta malaikat maéhan 185.000 prajurit! Raja Sanhérib kaleungitan pasukanana nu kuat. Manéhna éléh, jadi kapaksa kudu balik. Yéhuwa nyalametkeun Hiskia jeung Yérusalém saperti jangji-Na. Lamun hidep aya di Yérusalém, naha hidep bakal percaya ka Yéhuwa?

”Anu ajrih ka PANGERAN, dijaga ku malaikat-Na, dijait tina bahaya.”​—Jabur 34:8

Pananya: Kumaha Yéhuwa nyalindungan Yérusalém? Naha hidep percaya yén Yéhuwa bakal nyalindungan hidep?

2 Raja 17:1-6; 18:13-37; 19:1-37; 2 Babad 32:1-23

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun