PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • lfb pal. 56 kaca 134-kaca 135 par. 1
  • Yosia Cinta Hukum Allah

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Yosia Cinta Hukum Allah
  • Palajaran tina Kisah-Kisah Alkitab
  • Bahan nu Sarupa
  • Yosia Boga Babaturan nu Bageur
    Ajar Anak Sadérék
Palajaran tina Kisah-Kisah Alkitab
lfb pal. 56 kaca 134-kaca 135 par. 1
Sapan macakeun gulungan keur Raja Yosia

PALAJARAN 56

Yosia Cinta Hukum Allah

Yosia jadi raja di Yuda pas umurna dalapan taun. Di jaman éta, loba jalma ngalakukeun sihir jeung nyembah brahala. Pas umur 16, Yosia diajar carana ibadah nu bener ka Yéhuwa. Pas umur 20, manéhna ngancurkeun brahala-brahala jeung altar-altar di sakuliah nagri. Pas umur 26, manéhna ngoméan bait Yéhuwa.

Di bait, Imam Agung Hilkia manggihan gulungan kitab Hukum Yéhuwa. Bisa jadi, ieu téh gulungan nu ditulis ku Musa. Sapan, sékertarisna raja, mawa éta gulungan ka Yosia, terus macakeun ku sora tarik. Sanggeus Hukum dibacakeun, Yosia sadar yén jalma-jalma geus lila teu nurut ka Yéhuwa. Ceuk Raja Yosia ka Hilkia, ’Yéhuwa pasti ambek. Pangnanyakeun ka Mantenna, urang sadaya kudu kumaha.’ Yéhuwa ngajawab liwat Nabiah Hulda, ’Rahayat Yuda geus miceun Urang. Urang rék ngahukum, tapi sapanjang Yosia jadi raja moal waka ngahukum, sabab Yosia geus ngarendahkeun dirina.’

Hilkia manggihan gulungan nu eusina Hukum Yéhuwa

Basa ngadéngé éta, Raja Yosia indit ka bait jeung ngumpulkeun urang Yuda. Terus, Yosia macakeun Hukum Yéhuwa ku sora tarik di hareupeun éta bangsa. Yosia jeung jalma-jalma jangji bakal nurut ka Yéhuwa ku sapinuh haté.

Geus mangtaun-taun bangsa Yuda teu ngayakeun Paska. Tapi, waktu Yosia maca dina Hukum yén Paska kudu dipéstakeun unggal taun, manéhna ngomong ka éta bangsa, ’Urang kabéh bakal ngayakeun Paska keur Yéhuwa.’ Terus, Yosia nyiapkeun loba kurban sarta ngumpulkeun tukang-tukang nyanyi di bait. Ahirna, éta bangsa méstakeun Paska! Sanggeus kitu, maranéhna ngayakeun Pésta Roti Teu Maké Ragi salila tujuh poé. Ti jaman Samuél, can pernah aya nu méstakeun Paska sakitu gedéna. Yosia bener-bener cinta Hukum Allah. Naha hidep ogé resep diajar ngeunaan Yéhuwa?

”Pangandika Gusti teh lampu pikeun abdi, sinar caang nu nyaangan jalan abdi.”​—Jabur 119:105

Pananya: Kumaha sikep Raja Yosia sanggeus ngadéngé Hukum Allah? Kumaha parasaan Yéhuwa ningali tindakan Yosia?

2 Raja 21:26; 22:1–23:30; 2 Babad 34:1–35:25

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun