PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • lfb pal. 76 kaca 180-kaca 181 par. 2
  • Yésus Ngusir Nu Jualan di Bait

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Yésus Ngusir Nu Jualan di Bait
  • Palajaran tina Kisah-Kisah Alkitab
  • Bahan nu Sarupa
  • Naha Sadérék Terang?
    Warta Hadé Hal Karajaan Yéhuwa (Édisi Palajaran)—2017
Palajaran tina Kisah-Kisah Alkitab
lfb pal. 76 kaca 180-kaca 181 par. 2
Ku pecut, Yésus nyabetan sasatoan sina kaluar ti bait, sarta meja-méja tukang nalukeuran duit dibalik-balikkeun

PALAJARAN 76

Yésus Ngusir Nu Jualan di Bait

Kira-kira dina bulan April taun 30 M, Yésus indit ka Yérusalém. Loba jalma datang ka ditu pikeun ngayakeun pésta Paska. Salah sahiji acarana nyaéta ngurbankeun sato di bait. Aya nu geus mawa satona, aya nu meuli pas di Yérusalém.

Pas nepi di bait, Yésus ningali loba jalma keur jualan sasatoan. Maranéhna kalah ka néangan duit di imah Yéhuwa! Ningali éta, Yésus ambek pisan. Yésus nyieun pecut tina tali, terus nyabetan domba jeung sapi sina kaluar ti bait. Méja-méja tukang nalukeuran duit dibalik-balikkeun, duitna maruragan kana taneuh. Ari ka nu daragang japati, Yésus ngomong, ’Bawaan ka luar! Imah Bapa urang ulah dijadikeun tempat jual-beuli!’

Jalma-jalma di bait mani olohok ningali Yésus. Murid-muridna jadi inget kana ramalan ngeunaan Mésias, ’Kacintaan abdi ka bait Yéhuwa lir seuneu ngagedur dina jero haté.’

Terus dina taun 33 M, sakali deui Yésus ngusir nu jualan di bait. Yésus moal ngidinan saha waé ngahina imah Bapana.

”Moal bisa maraneh ngawula ka Allah ongkoh, ngawula kana duit ongkoh.”​—Lukas 16:13

Pananya: Naon nu dilakukeun ku Yésus pas ningali jalma-jalma jualan sato di bait? Ku naon Yésus ngalakukeun éta?

Mateus 21:12, 13; Markus 11:15-17; Lukas 19:45, 46; Yohanes 2:13-17; Jabur 69:10

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun