PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • lfb pal. 77 kaca 182-kaca 183 par. 2
  • Awéwé di Sisi Sumur

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Awéwé di Sisi Sumur
  • Palajaran tina Kisah-Kisah Alkitab
  • Bahan nu Sarupa
  • Jadi ”Urang Samaria nu Bageur” téh Maksudna Kumaha?
    Pananya nu Dijawab Alkitab
Palajaran tina Kisah-Kisah Alkitab
lfb pal. 77 kaca 182-kaca 183 par. 2
Yésus ngobrol jeung awéwé Samaria di sisi sumur Yakub

PALAJARAN 77

Awéwé di Sisi Sumur

Sanggeus Paska, Yésus jeung murid-muridna balik ka Galiléa liwat Samaria. Di deukeut kota Sikhar, Yésus istirahat di hiji tempat nu disebut sumur Yakub. Ari murid-muridna arindit ka kota meuli dahareun.

Terus, saurang awéwé datang ka sumur rék ngala cai. Ceuk Yésus, ’Cik, ménta caina.’ Ceuk éta awéwé, ’Ku naon Juragan ngajak ngobrol? Abdi urang Samaria. Pan urang Yahudi mah embung ngobrol jeung urang Samaria.’ Yésus ngomong, ’Lamun Nyai nyaho urang saha, Nyai bakal ménta nginum ka urang, ku urang bakal dibéré cai kahirupan.’ Éta awéwé ngomong, ’Maksudna? Juragan teu boga timba-timba acan.’ Ceuk Yésus, ’Nu nginum cai ti urang moal halabhab deui.’ Ceuk éta awéwé, ’Abdi ménta, Juragan.’

Yésus ngobrol jeung urang Samaria

Terus Yésus ngomong, ’Bawa salaki Nyai ka dieu.’ Ceuk éta awéwé, ’Abdi teu boga salaki.’ Ceuk Yésus, ’Nyai téh geus jujur. Nyai geus lima kali nikah. Lalaki nu ayeuna saimah jeung Nyai mah lain salaki.’ Ceuk éta awéwé, ’Juragan téh pasti nabi. Urang Samaria mah percaya, ibadah ka Allah téh bisa di ieu gunung, tapi ceuk urang Yahudi mah ibadah téh ngan bisa di Yérusalém. Abdi percaya mun engké Mésias datang, anjeunna bakal ngajarkeun carana ibadah.’ Terus, Yésus méré nyaho hiji hal nu can pernah dibéjaan ka sasaha, ’Urang téh Mésias.’

Buru-buru éta awéwé lumpat ka kota, bébéja ka urang Samaria, ’Aya jalma nu nyahoeun sagala hal ngeunaan abdi. Sigana éta téh Mésias! Hayu geura tingali!’ Jalma-jalma nuturkeun manéhna ka sumur, terus Yésus ngajar maranéhna.

Urang Samaria ménta Yésus mondok. Salila dua poé, Yésus ngajar di ditu. Loba jalma jadi percaya ka Yésus. Ceuk jalma-jalma ka éta awéwé, ’Sanggeus ngadéngé sorangan, ayeuna mah nyaho anjeunna téh jurusalamet dunya.’

”’Sumangga sumping!’ Nu halabhab ka darieu! Saha bae anu hayang cai anu matak hirup, jadi ganjaran.”​—Wahyu 22:17

Pananya: Ku naon awéwé Samaria héran pas Yésus ngajak ngobrol manéhna? Yésus ngomong naon ka manéhna?

Yohanes 4:1-42

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun