PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • lfb pal. 92 kaca 214-kaca 215 par. 1
  • Para Nalayan Ningali Yésus

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Para Nalayan Ningali Yésus
  • Palajaran tina Kisah-Kisah Alkitab
Palajaran tina Kisah-Kisah Alkitab
lfb pal. 92 kaca 214-kaca 215 par. 1
Yésus ngomong ka para murid bari manggang lauk

PALAJARAN 92

Para Nalayan Ningali Yésus

Teu lila sanggeus Yésus muncul di hareupeun para rasul, Pétrus ngala lauk di Laut Galiléa. Tomas, Yakobus, Yohanes, jeung sababaraha murid séjénna ogé milu. Tapi, sapeupeuting maranéhna teu beubeunangan.

Bray isuk, aya saurang lalaki nangtung di basisir. Éta lalaki nanya, ’Can beubeunangan?’ Ceuk maranéhna, ”Teu acan!” Éta lalaki ngomong, ’Alungkeun jaringna ka katuhu parahu.’ Sanggeus dialungkeun, jaring mani pinuh ku lauk nepi ka teu bisa kaangkat. Yohanes langsung engeuh éta téh Yésus, pokna, ’Éta téh Juragan!’ Brus Pétrus luncat kana cai sarta ngojay ka basisir. Nu séjén milu nyarisi maké parahu.

Pas nepi di sisi, aya roti jeung lauk keur dipanggang. Yésus nitah maranéhna mawa sababaraha lauk jang nambahan dahareun. Terus pokna, ’Ka darieu, dalahar.’

Pétrus nyampeurkeun Yésus di basisir, murid-murid séjén milu nyisi maké parahu

Bérés dahar, Yésus nanya ka Pétrus, ’Manéh téh leuwih nyaah ka urang ti batan ngala lauk?’ Ceuk Pétrus, ’Muhun. Pan Juragan apal.’ Ceuk Yésus, ’Panguruskeun domba-domba urang.’ Yésus nanya deui, ’Pétrus, manéh téh nyaah ka urang?’ Ceuk Pétrus, ’Juragan apal abdi nyaah ka Juragan.’ Ceuk Yésus, ’Panguruskeun anak-anak domba urang.’ Yésus nanya deui pikeun nu katilu kalina. Pétrus jadi sedih. Ceuk Pétrus, ’Juragan apal kana sagala hal. Juragan apal abdi nyaah ka Juragan.’ Ceuk Yésus, ’Panguruskeun anak-anak domba urang.’ Yésus ogé ngomong, ’Terus tuturkeun urang.’

”Ku [Yésus] disaur, ’Hayu, milu ka Kami. Engke ku Kami diajar ngala jelema.’ Harita keneh maranehna milu ka Yesus, heurapna ditaringgalkeun.”​—Mateus 4:19, 20

Pananya: Yésus nyieun mujijat naon keur para nalayan? Ceuk hidep, ku naon Yésus nepi ka tilu kali nanya ka Pétrus, ’Manéh téh nyaah ka urang?’

Yohanes 21:1-19, 25; Rasul 1:1-3

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun