PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • lfb pal. 93 kaca 216-kaca 217 par. 5
  • Yésus Balik ka Sawarga

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Yésus Balik ka Sawarga
  • Palajaran tina Kisah-Kisah Alkitab
  • Bahan nu Sarupa
  • Yésus Nguarkeun Warta Karajaan
    Palajaran tina Kisah-Kisah Alkitab
  • Murid-Murid Dibéré Roh Suci
    Palajaran tina Kisah-Kisah Alkitab
Palajaran tina Kisah-Kisah Alkitab
lfb pal. 93 kaca 216-kaca 217 par. 5
Para rasul ningali Yésus diangkat ka langit

PALAJARAN 93

Yésus Balik ka Sawarga

Yésus manggihan murid-muridna di Galiléa. Di ditu, Yésus méré paréntah nu penting, ’Indit jeung jadikeun jalma-jalma murid. Ajarkeun nu geus diajarkeun ku urang, terus baptis maranéhna.’ Yésus jangji, ’Sing inget, urang bakal terus nyarengan.’

Sanggeus dihirupkeun deui, salila 40 poé Yésus osok muncul di hareupeun ratusan murid di Galiléa jeung Yérusalém. Yésus ngajarkeun palajaran penting jeung nyieun loba mujijat. Pandeuri, Yésus manggihan para rasul di Gunung Jetun.

Saacanna, Yésus pernah ngomong, ’Ulah indit ti Yérusalém. Dagoan heula nu geus dijangjikeun ku Bapa.’ Tapi, para rasul teu ngartieun naon maksudna. Jadi, maranéhna nanya, ’Juragan bakal jadi Raja Israil ayeuna?’ Jawab Yésus, ’Can waktuna keur Yéhuwa ngajadikeun urang Raja. Tapi, maranéh bakal narima roh suci pikeun jaradi saksi-saksi urang. Uarkeun ka Yérusalém, Yudéa, Samaria, nepi ka tungtung bumi.’

Yésus diangkat ka langit, terus kahalangan ku méga. Murid-murid terus ningalikeun, tapi les Yésus geus leungit.

Murid-murid ninggalkeun Gunung Jetun, terus indit ka Yérusalém. Maranéhna sering ngarumpul di kamar loténg pikeun ngadoa. Maranéhna ngadagoan paréntah Yésus nu saterusna.

”Injil Kasalametan anu mertelakeun hal Karajaan Sawarga bakal diuarkeun ka sakuliah dunya, kadenge ku unggal jelema, geus kitu kakara datang poe kiamat.”​—Mateus 24:14

Pananya: Naon nu diparéntahkeun Yésus ka murid-muridna? Aya kajadian naon di Gunung Jetun?

Mateus 28:16-20; Lukas 24:49-53; Yohanes 20:30, 31; Rasul 1:2-14; 1 Korinta 15:3-6

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun