PALAJARAN 102
Titingalian Yohanes
Basa Rasul Yohanes dipanjara di Pulo Patmos, Yésus méré 16 titingalian ngeunaan mangsa kahareup. Kabéh titingalian nunjukkeun kumaha nami Yéhuwa bakal disucikeun, Karajaana-Na bakal datang, sarta kahoyong-Na bakal laksana di bumi saperti di sawarga.
Dina titingalian, Yohanes ningali Yéhuwa aya dina tahta-Na nu mulya di sawarga, dikurilingan ku 24 sesepuh nu maké jubah bodas jeung makuta emas. Tina tahta-Na kaluar kilat ngajorélat jeung sora guntur tinggulugur. Bruk 24 sesepuh sarujud jeung nyarembah Yéhuwa. Dina titingalian séjénna, Yohanes ningali jalma loba pisan, campur ti sagala bangsa, kaom, jeung basa. Kabéh nyembah Yéhuwa. Anak Domba, nyaéta Yésus, ngajaga jeung mawa jalma-jalma éta ka cai kahirupan. Dina titingalian séjén, Yésus jadi Raja di sawarga bareng jeung 24 sesepuh tadi. Dina titingalian saterusna, Yésus merangan naga, atawa Sétan, jeung balad-baladna. Éta naga diusir ti sawarga, dibalangkeun ka bumi.
Terus, Yohanes ningali pamandangan éndah, Anak Domba jeung 144.000 jalma nu kapilih narangtung di Gunung Sion. Yohanes ogé ningali hiji malaikat ngurilingan bumi, méré nyaho supaya jalma-jalma ngahormat jeung ngamulyakeun Allah.
Dina titingalian saterusna, aya perang Armagédon. Yésus jeung pasukanana nalukkeun pamaréntahan Sétan. Dina titingalian nu pangahirna, Yohanes ningali sawarga jeung bumi mani ayem tengtrem. Sétan jeung baladna bener-bener dimusnakeun. Kabéh nu di sawarga jeung nu di bumi ngamulyakeun nami Yéhuwa sarta nyarembah Mantenna.
”Maneh jeung eta awewe baris silih pikaceuceub. Bangsa manusa jeung bangsa oray baris mumusuhan sapapanjangna. Manusa baris ngaremukkeun hulu maneh, ari maneh mo weleh ngarah-ngarah rek macok keuneung manusa.”—Kajadian 3:15