PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • lfb pal. 103 kaca 238-kaca 239 par. 2
  • ’Karajaan Ama Mugi Datang’

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • ’Karajaan Ama Mugi Datang’
  • Palajaran tina Kisah-Kisah Alkitab
  • Bahan nu Sarupa
  • Naon Tujuan Allah Pikeun Manusa?
    Naon nu Diajarkeun Kitab Suci?
  • Naon Tujuan Gusti Nyiptakeun Bumi?
    Kabar Gumbira ti Gusti!
  • ”Dugi Patepang Deui di Pirdaus!”
    Warta Hadé Hal Karajaan Yéhuwa (Édisi Palajaran)—2018
  • Sobat-sobat Allah Bakal Hirup Di Pirdus
    Sadérék Tiasa Janten Sobat Allah!
Tingali Ogé
Palajaran tina Kisah-Kisah Alkitab
lfb pal. 103 kaca 238-kaca 239 par. 2
Jalma-jalma déwasa jeung barudak leutik hirup bagja di Pirdaus

PALAJARAN 103

’Karajaan Ama Mugi Datang’

Yéhuwa jangji, ’Moal aya deui nu sedih, ceurik, gering, atawa paéh. Urang bakal nyusutan cipanon maranéhna. Sagala nu goréng moal diinget-inget deui.’

Yéhuwa nyiptakeun Adam jeung Hawa di taman Éden supaya maranéhna bagja. Maranéhna diciptakeun pikeun nyembah Bapa di sawarga sarta minuhan bumi ku turunanana. Sanajan maranéhna teu nurut, rencana Yéhuwa teu robah. Dina buku ieu, urang geus diajar yén sagala nu dijangjikeun ku Allah pasti laksana. Saperti jangji-Na ka Ibrahim, bumi bakal pinuh berkah ku jalan Karajaan Allah.

Jalma déwasa, barudak, jeung sato-sato liar hirup bareng di Pirdaus

Moal lila deui Sétan, baladna, jeung kabéh jalma jahat bakal musna! Unggal jalma bakal nyembah Yéhuwa. Urang moal gering atawa paéh. Unggal poé, urang bakal leuwih séhat sarta bagja. Bumi bakal jadi Pirdaus. Teu aya nu kalaparan. Unggal jalma bakal boga imah sorangan. Teu aya nu jahat atawa kejem, kabéh balageur. Sato galak moal bahaya deui, urang gé moal sieun deui ka sato galak.

Urang bakal bungah pisan waktu Yéhuwa ngahirupkeun deui nu maot. Urang bisa panggih jeung jalma-jalma ti jaman baheula, misalna Habil, Nuh, Ibrahim, Sarah, Musa, Rut, Éster, jeung Daud. Urang jeung maranéhna bakal babarengan ngarobah planét Bumi jadi pirdaus. Loba pagawéan nu ngagumbirakeun!

Yéhuwa hoyong hidep aya di ditu. Hidep bakal leuwih akrab jeung Yéhuwa ku cara nu teu kabayang ku urang. Hayu urang leuwih akrab jeung Yéhuwa, ti ayeuna nepi ka salamina!

”Nun Pangeran, nun Allah! Mung Gusti anu layak diagungkeun, dihormat, nu layak nyangking kawasa. Reh Gusti teh nu nyiptakeun saniskara.”​—Wahyu 4:11

Pananya: Kumaha Karajaan Allah bakal ngarobah bumi? Ti kabéh jalma nu dicaritakeun dina buku ieu, hidep paling hayang panggih jeung saha di Pirdaus?

Wahyu 21:3, 4; Ayub 33:25; Siloka 2:21, 22; Yesaya 11:2-10; 33:24; 65:21, 22; Mateus 6:9, 10; Yohanes 5:28, 29; 17:3

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun