KAWIH 1
Sipat-Sipat Yéhuwa
Édisi nu Dicitak
1. Nu Maha Agung, Allah Yéhuwa,
Sumbering hirup nu maparin cahya.
Jagat raya jeung kinarya Ama
Nyaritakeun kawasa Ama.
2. Ama maréntah ku kaadilan.
Rahayat Ama hirup sejahtera.
Abdi resep ngalenyepan Firman,
Diajar hikmat panghadéna.
3. Kaasih Ama taya bandingna.
Berkah ti Ama moal kapulangkeun.
Nami sarta kamulyaan Ama
Ku abdi bakal dimashurkeun.
(Tingali ogé Jab. 36:10; 145:6-13; Pan. 3:14; Yak. 1:17.)