KAWIH 11
Ciciptaan Muji Allah
Édisi nu Dicitak
(Jabur 19)
1. Hadé karya ciciptaan Huwa;
Langit ngébréhkeun kamulyaan-Na.
Tanpa kecap, ciciptaan muji,
Kadangu nepi ka tungtung bumi.
Tanpa kecap, ciciptaan muji,
Kadangu nepi ka tungtung bumi.
2. Sieun ka Huwa mawa pangarti,
Nu ngajaga ucap lampah abdi.
Hukum sarta papakon ti Gusti
Leuwih hadé batan emas murni.
Hukum sarta papakon ti Gusti
Leuwih hadé batan emas murni.
3. Hirup bagja nu wanoh ka Huwa,
Hirup langgeng nu taat Firman-Na.
Ngamulyakeun nami suci Huwa,
Kahormatan nu taya bandingna.
Ngamulyakeun nami suci Huwa,
Kahormatan nu taya bandingna.
(Tingali ogé Jab. 12:7; 89:8; 144:3; Rum 1:20.)