KAWIH 12
Yéhuwa Nu Maha Agung
Édisi nu Dicitak
1. Allah Yéhuwa Nu Maha Agung,
Ama layak dijungjung,
Jalan-jalan-Na luhung.
S’gala kawasa, hikmat, asih-Na
Aya pikeun s’lawasna.
2. Allah Yéhuwa nu welas asih,
Ama ngadangu doa
Manusa anu dosa.
Abdi dibingbing, ditangtayungan.
Ama siap nulungan.
3. Sorga jeung bumi ngawih gumbira,
Nyanggakeun pupujian,
Mulyakeun nami Ama.
Allah Yéhuwa Nu Maha Suci,
Tampi pamuji abdi.
(Tingali ogé Pam. 32:4; Sil. 16:12; Mat. 6:10; Wahyu 4:11.)