KAWIH 35
Heulakeun nu Leuwih Penting
1. Penting sangkan boga pamahaman,
Apal mana nu hadé,
Apal ka hal-hal nu leuwih penting
Nu kudu dipigawé.
(REFREIN)
Sing sukakeun manah Allah.
Loba berkah
Lamun urang terus miheulakeun
Pangersa-Na
Sarta hal-hal nu leuwih penting.
2. Teu aya nu leuwih penting deui
Batan urang ngawawar,
Néang jalma-jalma nu réla
Jadi hambana Yéhuwa.
(REFREIN)
Sing sukakeun manah Allah.
Loba berkah
Lamun urang terus miheulakeun
Pangersa-Na
Sarta hal-hal nu leuwih penting.
3. Lamun ngalampahkeun anu penting,
Urang jadi sugema.
Katengtreman ti Allah bakal
Ngajaga haté pikiran.
(REFREIN)
Sing sukakeun manah Allah.
Loba berkah
Lamun urang terus miheulakeun
Pangersa-Na
Sarta hal-hal nu leuwih penting.
(Tingali ogé Jab. 97:10; Yoh. 21:15-17; Pil. 4:7.)