KAWIH 56
Cekel Pageuh Bebeneran
1. Jalan beb’neran, jalan nu panghadéna,
Anjeun nu kudu milampahna.
Jadi tarima naséhat ti Yéhuwa,
Tangtu bisa dipercaya.
(REFREIN)
Cekel beb’neran,
Tancebkeun dina manah
Jeung lampahkeun
dina kahirupan.
Pék rasakeun kabungah.
2. S’gala upaya anu geus dikorbankeun
Pikeun ngawulaan Yéhuwa,
Moal percumah tur bakal ngahasilkeun
Hirup bagja salawasna.
(REFREIN)
Cekel beb’neran,
Tancebkeun dina manah
Jeung lampahkeun
dina kahirupan.
Pék rasakeun kabungah.
3. Lir budak leutik, urang butuh bingbingan
Sarta piwuruk ti Yéhuwa.
Mun dilampahkeun jeung terus dilenyepan,
Urang nampa berkah limpah.
(REFREIN)
Cekel beb’neran,
Tancebkeun dina manah
Jeung lampahkeun
dina kahirupan.
Pék rasakeun kabungah.
(Tingali ogé Jab. 26:3; Sil. 8:35; 15:31; Yoh. 8:31, 32.)