KAWIH 54
”Ieu Jalanna”
1. Anjeun geus diajar
Jalan katengtreman.
Jalan nu geus aya
Ti jaman baheula.
Yésus ngajar éta
Jalan ka manusa,
Anu urang baca
Dina Firman Huwa.
(REFREIN)
Ieu jalan brasna kahirupan.
Ulah nyimpang, ningali ka tukang.
Saur Huwa, ’Ieu jalanna.
Pék tuturkeun, tah ieu jalanna!’
2. Aya hiji jalan
Anu pinuh asih.
Allah ngagentraan,
Nuduhkeun jalanna.
Asih-Na satia,
Limpah tur sajati.
Teu kudu néangan,
Ieu téh jalanna.
(REFREIN)
Ieu jalan brasna kahirupan.
Ulah nyimpang, ningali ka tukang.
Saur Huwa, ’Ieu jalanna.
Pék tuturkeun, tah ieu jalanna!’
3. Allah tos masihan
Jalan kahirupan.
Moal aya jalan
Séjén nu nandingan.
Jalan hirup pinuh
Asih, katengtreman.
Hatur nuhun Allah
Kana ieu jalan.
(REFREIN)
Ieu jalan brasna kahirupan.
Ulah nyimpang, ningali ka tukang.
Saur Huwa, ’Ieu jalanna.
Pék tuturkeun, tah ieu jalanna!’
(Tingali ogé Jab. 32:8; 139:24; Sil. 6:23.)