KAWIH 55
Tong Sieun ka Maranéhna!
1. Maju terus, umat Kami,
Uarkeun Karajaan.
Ka musuh ulah gimir,
Wartakeun bebeneran.
Ku Kristus, Iblis geus éléh,
Dibalangkeun ka bumi.
Sakeudeung deui diranté,
Iblis téréh dibasmi.
(REFREIN)
Tong sieun ka maranéhna,
Najan nyawad tur ngancam.
Ku Kami bakal dijaga
Ibarat panon Kami.
2. Najan musuh manéh loba
Sarta terus ngahina,
Najan sok muji-muji,
Ulah nepi katipu.
Umat Kami, ulah gimir
Ku kaniaya musuh.
Nu satia nepi ahir
Bakal disina unggul.
(REFREIN)
Tong sieun ka maranéhna,
Najan nyawad tur ngancam.
Ku Kami bakal dijaga
Ibarat panon Kami.
3. Tong sieun ka maranéhna
Anu maéhan raga.
Sanajan kudu maot,
Ku Kami dihirupkeun.
Tong sieun dipopohokeun,
Kami terus nguatkeun.
Kami masihan pahala,
Ka nu terus satia.
(REFREIN)
Tong sieun ka maranéhna,
Najan nyawad tur ngancam.
Ku Kami bakal dijaga
Ibarat panon Kami.
(Tingali ogé Pam. 32:10; Neh. 4:14; Jab. 59:2; 83:3, 4.)