KAWIH 65
Mekarkeun!
1. Mekarkeun, mekarkeun karohanian!
Témbongkeun diri anjeun aya kamajuan.
Tingkatkeun kamampuh dina p’layanan,
Huwa bakal nyarengan.
Saha waé bisa miluan
Sabab Yésus jadi tuladan.
Yéhuwa ogé masihan dukungan,
Masihan kakuatan.
2. Mekarkeun, mekarkeun kawani anjeun!
Warta hadé kudu terus dibéwarakeun.
Ku cara ngawawar ka imah-imah,
Urang muji Yéhuwa.
Sanajan musuh nyingsieunan,
Ulah gimir, ulah salempang.
Terus uarkeun Karajaan Allah
Sangkan jalma arapal.
3. Mekarkeun, mekarkeun kaparigelan!
Nyieun kamajuan
dina ngawula Huwa.
Roh suci Allah masihan tungtunan,
Pék rasakeun kabungah.
Pikanyaah jalma nu minat,
Anjangan deui sangkan kuat.
Geuing haténa, aping maranéhna
Sangkan kuat imanna.
(Tingali ogé Pil. 1:27; 3:16; Ibr. 10:39.)